Dalem Cikundul Jayasasana Sawatara waktu ka tukang ngeunaan Dalem
Cikundul téh parantos dipidangkeun dina Nyusur Galur. Tapi da moal aya
lepatna upama ayeuna dipedar deui, dina versi séjén, karya Cc.
Irwansyah. Karajaan Talagamanggung runtag taun 1529 Masehi. Saterusna
Talaga jadi bawahan Sinuhun Cirebon Kangjeng Waliyullah Pangeran Syarif
Hidayatullah putu Mahaprabu Sri Baduga Maharaja, Maharaja Pajajaran.
Kajadian éta gedé pangaruhna kana kamekaran Kasultanan Cirebon,
pangpangna nu aya tumalina jeung Ingkang Sinuhun Kanjeng Susuhunan
Jatipurba Panatagama Auliya Kutubidzaman Khalifatur Rasulullah Saw.
Moal bisa dipungkir yén tadina Cirebon téh bawahan Pajajaran anu mangsa
harita diparéntah ku Sri Baduga Maharaja. Bisa Jadi ceuk sapihak taun
1525 Masehi Pajajaran bener-bener runtag sabab Cirebon ogé geus tara
ngirim upeti atawa seba ka Pajajaran. Tindakan sarupa kitu upama
ditingal tina akal sehat bisa dianggap tindakan incu anu geus ngarempak
tatakrama jeung tradisi karuhuna. Hal sarupa kitu bisa dianggap
baruntak, baha ka pucuk umum anu kawasa. Pihak séjén bisa jadi ogé
henteu nyalahkeun kana sikep jeung tindakan saperti kitu sabab pikeun
ngadeg ajegna hiji pamaréntahan nagara téh butuh ku kadaulatan,
kabebasan jeung kamerdekaan.
Henteu kungsi lila kajadian perang campuh antara Cirebon anu dibantu ku
Demak ngalawan Talaga anu dipingpin ku Senapatri Pangeran Kikis jeung
Sunan Wanaperih putra cikal Prabu Pucuk Umum Raja Talagamanggung. Tapi
sanajan Talaga dibantu ku para puragabaya, para prajurit ti pasantren
jeung Paguron-paguron, tetep éléh kuat jeung jumlah prajurit. Tapina
deui kusabab kajeun saeutik cek paribasa tetep mahi, pasukan Talaga
ngangsreg ngayonan balad Cirebon anu unggul kuat, para putra Talaga nu
teuneung ludeung antep-antepan ngalawanna tepi ka dina ahirna mah unggul
jurit. Pasukan Islam nu gedé karumasaan dina waktu harita kapaksa kudu
ngaku éléh jajaten ku Talaga henteu majar kumaha, ngaku kana kakuatan
lawan nu kajurung ku sumanget juang jeung
kapamingpinan Sang Senapati
pilih tanding Radén Aria Kikis jeung Sunan Wanaperih. Sunan Gunung Jati
sabada nampi laporan ti medan laga énggal lungsur ka Talaga ngayakinkeun
kaayaan.
Dibagéakeun ku upacara kahormatan ku para pangagung nagara
Talaga, dibagéakeun ku guruhna sora anu ngucapkeun kalimat …”Allohu
Akbar!” Sunan Gunung Jati dina amanatna ngeceskeun yén sabenerna perang
lain keur mémérés masalah, anggur ménta wadal pirang-pirang syuhada.
Numutkeun Sultan Cirebon Sang Waliyulloh Syarif Hidayatullah, perang
Talaga téh saenyana muncul tina kasalah pahaman prajurit Cirebon jeung
Demak. Nu didongkang lain perang tapi karépéh-rapihan. Pikeun bukti
nanjeurna karépéh-rapihan antara Talaga-Cirebon, sakumna prajurit Talaga
anu tacan Islam harita kénéh ngucapkeun kalimah Sahadat dipingpin ku
Kangjeng Waliyulloh ku anjeun.
Pangéran Aria Kikis ngahaturkeun senjata
pusaka Talaga Cuntang Barang ka Waliyulloh Sunan Gunung Jati. Saterusna
Aria Kikis jeung Sunan Wanaperih dijurung tapakur di leuweung Wana,
pikeun leuwih ngantebkeun agama Islam jeung sumerah diri ka Gusti Nu
Murbeng Alam. Éta leuweung saterusna disebut Kampung Wanaperih tug tepi
ka kiwari. Basa gempungan di karaton Ciburang hadir para Raja ti Galuh
jeung Talaga, hempak ogé rahayat dua nagara, pangpangna ti Galuh
Singacala jeung Talagamanggung.
Eyang Nangkabeurit Sagalaherang
Caturkeun Kangjeng Aria Kikis tetep renggenek di Kampung Wanaperih Desa
Kagok Perwakilan Kacamatan Talaga di Banjaran Majalengka. Aria Kikis
kagungan putra genep. Putra bungsu jenenganana Raden Kanarun, sabada
diistrenan ku Sultan Cirebon gelarna jadi Raden Kiyai Aria Wangsa
Goparana, sacara harfiah hartina; Wangsa = Dinasti, Gopa= pamanggul
pamarentahan atawa pamingpin, Rana= perang. Sabada wapat dipendem di
Nangkabeurit kusabab kitu tepi ka ayeuna ditelah Eyang Nangkabeurit
Sagalaherang. Nya anjeuna ramana Dalem Cikundul Jayasasana atawa Aria
Wira Tanu Datar téh. Wangsa Goparana luluhur para bupati Cianjur.
Nurutkeun Carita Rayat kangjeng Dalem Cikundul téh putra kadua Aria Wangsa Goparana
Sagalaherang. Dibabarkeun kira-kira taun 1683 Masehi di Cibodas Désa
Dayeuh Kolot Kacamatan Sagalaherang Subang. Jenenganana waktu
dibabarkeun mah Pangéran Jayalalana. Ti yuswa 8 taun geus diatik dididik
kana agama Islam jadi siswa anu pangnyongcolangna di Padepokan Islam
Kasultanan Cirebon anu mangsa harita dipingpin ku Panembahan Ratu.
Pangeran Jayalalana pangnyongcolangna dina widang kaagamaan,
kaperwiraan, siasat jeung elmu kamasarakatan.
Tamat pendidikan paguron
luhur Sang pangéran dilélér gelar caria jadi karabat karaton Cirebon,
kalungguhanana Ngabehi, jadi ponggawa Cirebon jenenganana jadi Radén
Ngabehi Jayasasana. Ti saprak yuswana nincak 23 taun diangkat jadi
Senapati Kasultanan Cirebon , gelarna Aria Wira Tanu, dipaparin prajurit
300 umpi jeung dibéré Kapercayaan pikeun ngadegkeun nagara di patilasan
wilayah Pajajaran sisi walungan Cianjur nu kosong sabada ditinggalkeun
ku Pangéran Adipati Ewangga nu dijungjung lungguh jadi Adipati Kuningan.
Ari tugas utamana mah pikeun nyegah gangguan ti Banten jeung Walanda
nu markasna di Tanjungpura Karawang. Waktu Yan pieter Zun Cun balabuh di
Sunda Kalapa tepika bisaeun ngarebut Jayakarta, kira-kira taun 1619
Masehi.
Pangeran Jayakarta kungsi amarah ka ponggawa Kasultanan.
Alesanna, kunaon cenah ngantep urang asing, Si Bule ngarebut Jayakarta.
Sang Pangéran ka Panembahan Ratu mundut supaya nyandak balabantuan
puragabaya nu aya di Dayeuhkolot jeung Sagalaherang urang babarengan
ngusir Si Bule ti Jayakarta. Waleran ti Panembahan Ratu wijaksana
pisan, saurna téh “Engké dina waktuna bakal diparéntah kudu
ngalaksanakeun tugas penting éta!”. Dina yuswa 22 taun, Ngabehi
Jayasasana nikah ka putri jin nu jenengana Nyi Tina Dewi Srina anu
asalna tina wujud 3 putri jin putrana Kiyai Zubaedi Raja Jin Islam ti
nagara Batu Agung Tengger Agung Sagalaherang. Eta tilu putri téh
masing-masing jenengana Arum Wangi, Arum Endah jeung Arum Sari. Ti putri
jin éta, Pangéran Jayasasana kagungan tilu putra, dua pameget, hiji
istri. Jenengan cikalna Pangéran Surya Kancana, kadua Nyai Sukaesih
Carangcangkancana, katilu Radén Andika Wirusajagat. Kira-kira taun 1635
Maseh Senapati Jayasasana ngiringkeun 300 prajurit candakna ti Cireboni.
Waktu maju ngulon, nya cunduk di Kampung Simpeureun sisi wétan walungan
Citarum peuntaseun muara walungan Cikundul. Nya di dieu Tatarub ngemah
tatan-tatan pikeun nyanghareupan Front sapanjang dua musim. Sajewroning
kitu, Senapati Aria Wira Tanu/ Radén Ngabehi Jayasasana nyalusur
walungan Citarum ka hulu tepi ka cunduk di wewengkon Gunung Wayang. Nya
di dieu Kangjeng Dipati tepang jeung Kiyai Gunung Wayang Raden Haji
Abdul Syukur putu Pangéran Girilaya ti Cirebon, Kiyai jujulukna Sun an
Pager Barang.Ti mimiti taun 1645 Masehi Senapati Aria Wira Tanu ngayakeun orientasi
di patilasan bawahan Pajajaran Tengah jeung Girang tepi ka tapel wates
walungan Cisadane jeung ngajorok ka walungan Ciburang di Sajira Lebak
Banten.
Mulangna ngaliwat ka Ubrug, walungan Citatih terus ngaso
sawatara lilana di sisi walungan Cileuleuy. Hulu Citatih di Parungkuda,
ayeuna mah Pangadegan terus nanjak ka gunung Sedah Kencana (Gunung
Gede) ka suku gunung beulah wetan ahirna tepi ka Padepokan (Pasantren
Kangjeng Kiyai Wangsamerta, Tarikolot jeung Cinangsi. Dina hiji mangsa
sawatara urang adipati atawa raja urut wilayah Pajajaran Girang jeung
Tengah nu ayeuna kawengku jadi daerah DT.II Cianjur jeung Sukabumi.
Para pangagung nagara téh kumpul gempungan di puncak gunung anu jaman
Pajajaran dipaké gempungan ogé, tara diganggu ku musuh ti luar. Éta
tempat disebut Gunung Rompang. Pangna disebut kitu, sabab tepi ka éta
gunung pakarang prajurit Siliwangi geus rarompang kusu diomean, geus
limapuluh taun kitu dipaké perang ragot ngayonan musuh, tacan ngalaman
dioméan. Puncak gunung Rompang lian ti tumaninah dipaké musyawarah,
merenah ogé dipaké ngoméan senjata anu geus tompang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar