
Ngadangu wartos anu matak ngagumbirakeun kitu, Abdul Mutholib,
éyangna Rosululloh, atanapi ramana Siti Aminah, biangna Rosulullah
atanapi istrina Sayid Abdulloh, satengah lumpat awahing ku ngaraos
bingah anu taya papadana. Lajeng baé éta orok anu nembé dibabarkeun téh
ku Abdul Mutolib teras di candak “Thowaf” ngurilingan Ka’bah tujuh kali
atanapi tujuh balénan, kalayan bari teu lirén-lirén ngadu’a sareng Muju
Syukur ka Yang Agung, Pangéran nu murbeng Alam.
Nalika nincak yuswa saminggu, eyangna, Abdul Mutholib, masihan jenengan
ka éta bayi nyaéta Muhammad. Nanging ari biangna mah, Siti Aminah,
masihan jenenganna téh Ahmad. Kumargi cenah nalika anjeunna ngadeg ku
éta bayi, anjeunna kantos kenging ilapat yén dimana engké ngababarkeun,
mangka bayina kedah dipasihan jenengan Ahmad. Tangtos baé hal ieu téh
teu singna matak jadi masalah, da kumargi boh Ahmad boh Muhammad ogé
ngandung hartos anu sami, nyaéta pihartoseunana téh “jalmi anu kenging
pamuji” atanapi “jalmi pujieun”
Anapon ari Abdul Mutholib, éyangna Rosululloh, anjeunna téh salahsawios
“inohong” Kaom Quraisy, anu dipercanten purah ngurus, ngajaga, miara
sareng nalingakeun Ka’bah (Baitulloh).
Taun kalahiranana Rosulullah Kangjeng Nabi Muhammad SAW disebut Taun
Gajah. Pangna disebut Taun Gajah téh duméh dina waktu harita Kota Suci
Mekah diserang ku balatentara kaom Nasrani ti Nagara Yaman nu dipingpin
ku Abrohah. Serangan Kaom Nasroni téh ngarupakeun paréntah ti Raja Yaman
danget harita nu ngaran Zun Nawas. Maksud jeung tujuanna taya lian
pikeun ngancurkeun Ka’bah (Baitulloh). Ari éta pasukan Abrohah nyerang
kota Mekah téh maké kandaraan “Gajah”
Meunang serangan ngadadak ti pasukan atawa Balatentara nu sakitu kuat
turta rohakana, Abdul Mutholib sabalad-balad ti Kaom Quraisy tangtu baé
ngarasa kateter, taya kakuatan pikeun ngalawan musuh anu sakitu lobana.
Ahirna serah bongkokan. Ka’bah pada naringgalkeun. Pasukanna Abdul
Mutholib malundur, nyalalingkir, nyalametkeun dirina séwang-séwangan.
Pikeun pertahanan sarta panangtayungan Ka’bah (Baitulloh) dipasrahkeun
baé ka Nu Kagunganana, Alloh Ajja-wajalla!
Salian ti boga niat ngancurkeun Ka’bah, pasukan Balatentara Abrohah ogé
ngarampas onta-onta bogana Kaum Quraisy, kaasup ogé ontana Abdul
Mutholib, sarta ngahalangan Balatentara Abrohah supaya ulah nepi ka
ngarampas onta-ontana. Nempo kitu téh Abrohah kacida heraneunana. Pok
tumanya:
“He Abdul Mutholib, aya ku aneh anjeun mah. Pikeun urusan onta nu
kasebut hal anu teu pira, anjeun geus sakitu bébéakan mélaan sarta
marjuangkeun sangkan teu dirampas ku pasukan kula! Tapi na ari pikeun
urusan Ka’bah anu ku kaula sabalad-balad arek diancurkeun, anu
ngarupakeun masalah gedé pikeuh bangsa Quraés, anjeun teu singna ngarasa
hariwang, bet siga haré-haré baé? Kalahka pada naringgalkeun, taya nu
daék mertahankeun jeung nangtayungan?”
Kalawan tandes Abdul Mutholib ngajawab: “Sula onta mémang éta hak milik
kuring! Mangka nya ku kuring dipertahankeun! Ari Ka’bah éta mah milik
Alloh! Kuring teu daya teu upaya pikeun mertahankeunana! Kuring jeung
sakumna bangsa Quraés masrahkeun éta hal anging ka Gusti Alloh nu Maha
Kawasa anu tangtu bakal bakal nangtayunganana! Jeung saéstuna Gusti
Alloh pasti bakal méré wawales ka jalma-jalma anu dzolim!” demi ngadéngé
caritaan Abdul Mutholib, Abrohah ngarenjag. Haténa jadi ngageter,
tagiwur.
Kasauran Abdul Mutholib mémang ngabukti. Allah SWT ngaluarkeun azab ka
pasukan Abrohah ku jalan ngutus sapasukan manuk “Ababil” nu nyandak batu
karikil anu hurung turta kacida panasna. Éta batu karikil téh
dipurag-puragkeun ka pasukan Abrohah anu rék ngagempur Ka’bah, nepi ka
Balatentara Abrohah téh tumpur ludes, teu manggapulia! Hal ieu téh
sakumaha ka unggel dina Al-Quran Surah Al-Fiil (Surah ka-105) ayat ka-4
sareng ka-5, anu mana digambarkeun yén tumpurna Balatentara Abrohah
harita lir ibarat dangdaunan anu dihakan ku hileud! Waloohu’alam!***
Sumber ti : http://mangle-online.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar