Ngabandungan paripolah kiwari, loba nu ngarasa hariwang. Pacéngkadan,
lain ukur bruk-brak jeung nembrak, malah digegedékeun. Nu asalna teu
sapira, bisa sakedét nétra jadi uru-ara nu ngabalukarkeun bancang
pakéwuh.
Paripolah, lir kuda leupas kadali. Tunggul dirarud catang dirumpak.
Papagon hirup nu mistina jadi pager jeung dadasar paripolah, teuing di
mana ngancikna. Da, nu kungsi jadi kacapangan, majar bangsa urang téh
lemes budi, nyatana mah loba nu ukur kari dongéngna.
Di mana ngancikna, silihasah silihasih silih asuh? Di mana pasipatan
sabda pandhita ratu? Ka mana patekadan nyaah ka sarakan, saperti nu
kagambar dina kekecapan ‘di mana bumi dipijak di sana langit
dijungjung’? Di mana ngancikna kamanunggalan kaum adat, ulama, jeung
elmuwan nu kagambar dina ‘tungku tigo sajarangan’? Di mana ngancikna
‘ayat-ayat’ budaya nu ngagambarkeun luhungna ajén-inajén kamanusaan? Nu
écés mah, kekecapan kawas kitu téh, kari réngkolna dina kamus atawa ukur
jadi kaagulan dina mangsana nyoréang mangsa ka tukang.
Paripolah gupuy-gapay, lir nu lunta dina petengna peuting. Atuh, teu
sing anéh, mun ahirna, nu enya dilain-lain, nu lain dienya-enya.
Balitungan pragmatis, ngalap mangpaat dangka pondok, éstuning jadi
pamuhitan.
Paripolah nu pasalia jeung aturan, nyampak di saban tempat jeung
waktu. Balukarna, lir nu gering teu ngarasa boga kasakit. Najan,
tembongna walagri, awakna mah mingkin lila mingkin ropoh!
Paripolah jeung pasipatan kawas kitu, mémang matak hariwang. Ngan, teu
hadé, upama ukur rumahuh, ngusap dada. Ku lantaran kitu, saha waé nu
boga karep jeung ketak geusan narékahan kaayaan sangkan leuwih hadé,
sawadina meunang pangbagéa jeung pangrojong ti balaréa.
Mitra, kahariwang gé tembrés dina salah sahiji sawala pararaja, sultan,
katut pamangku adat sa-Nusantara. Dina sawala nu lumangsung Minggu, 9
Desember 2012 di Gedong Merdeka, Bandung, pamilon sawala samiuk, milu
ngabebenah kaayaan kahirupan dumasar kana adat katut budaya
masing-masing. ***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar