Basa Bandera Turun

MangleFadil hulang-huleng ningali sabudeureun imahna. Pada rariweuh. Katingali kabéh tatanggana ngariung di buruan imahna séwang-séwangan, keur ngahias imahna. Aya nu masang umbul-umbul, aya nu ngan ukur masangkeun bandéra laleutik, aya ogé nu diselingan ku palastik leutik nu eusina cai warna-warni. Aya warna beureum, konéng, héjo, ogé bulao.

 
“Mah, ieu téh aya naon mani ramé? Pan lebaranana ogé tos lami,” ceuk Fadil nanya ka indungna bari culang-cileung bingungeun.
“Ih, sanés kanggo lebaran ieu mah. Apan énjing téh ulang taun Indonesia, jadi kedah dihias bumina,” témbal indungna.
“Naha atuh bumi Dédé teu dihias jiga bumi batur?”
“Pan teu acan kasép.”
“Oh…” témbal Fadil, bari angger teu ngartieun. Kangaranan budak kakarék asup sakola TK, keur meujeuhna loba tatanya. Can ngarti naon éta Indonésia, komo ari nu ngaranna poé kamerdékaan mah. Rét manéhna ka lebah panto, bapana kaluar bari ngagigiwing tongkat jeung bandéra.
“Bapa éta kanggo naon?” Fadil nanya deui, ayeuna mah ka bapana bari nunjuk kana tongkat.

“Tuh ku Dédé tingali bumina Mila sareng bumina Ateu! Sadayana masang bandéra beureum bodas, bandéra Indonésia,” ceuk bapana bari nuduhkeun bandéra nu dipasang di buruan tatanggana.
“Naha kudu masang bandéra? Naha bandérana kudu warna beureum jeung bodas?”
“Pan tos dipasihan terang bieu ku mamah sanés? Énjing téh ulang taun Indonésia, tah ari Indonésia téh bandérana beureum jeung bodas.”
“Naha kalah masang bandéra? Pan biasana mun Dédé ulang taun sok ngadamel kuéh. Naha teu ngadamel kuéh waé?
Bapana ngan ukur seuri, ningali kapanasaran budakna nu kakara nincak lima taun. “Engké, mun Dédé tos ageung gé bakal terang.” bari tuluy masangkeun bandéra di buruan imah. Fadil angger teu ngartieun, naon nu dimaksud ku bapana. Antukna mah manéhna milu ngaririweuh bapana masang bandéra.
Wancina solat magrib. Bapana Fadil geus rapih, rék indit solat ka masjid. Cara biasana, bapana ngajakan Fadil indit ka masjid, ngarah jadi kabiasaan nu hadé cenah. Jadi ti leuleutik geus dibiasakeun.
“Dédé, hayu urang ka masjid. Tah Mang Karsim tos adan,” ceuk bapana. Tapi Fadil masih anteng ulin jeung cocooanana. “Hayu énggal, engké tos solat urang jalan-jalan jeung bapa.” Diolo kitu mah, Fadil kakarék daékeun indit ka masjid jeung bapana. Bérés solat, Fadil buru-buru ngungunyeng bapana, ngajakan balik ka imah. Manéhna geus teu sabar hayangeun jalan-jalan téa. Antukna mah, duanana gasik baralik ka imah. Tuluy ganti baju. Léos wéh indit, ari indungna mah teu milu, da kagok ku ku kumbahaneun cenah.
   Peuting éta, di jalan kacida raména. Méh sarua jeung malem takbiran kamari. Di ditu-di dieu loba umbul-umbul ngajajar sapanjang jalan jeung spanduk nu rupa-rupa tulisanana. ‘HUT RI ke-68’, Dirgahayu Indonesia yang ke-68’, jeung réa-réa deui. 
Barang ngaliwatan toko éléktronik, teu kahaja Fadil ngadéngé sora nu ngajorowok, “Indonesia Merdeka!” Pas ditingali, ari pék téh iklan dina TV, nu milu ngareuah-reuah poé kamerdékaan Indonésia.
“Pa, merdéka téh naon?” ceuk Fadil ka bapana.
Ngadéngé anakna nanya kitu, bapana ngahuleng sakedapan. “Eum, merdéka téh bébas. Dédé pan ayeuna tiasa sakola, tiasa ameng sareng Mila, sareng Ateu, sareng A Adi. Tah éta téh sami sareng merdéka,” témbal bapana, bari teu yakin kana jawabanana, da bingung ari rék nyontoan ka budak nu leutik kénéh mah.
“Ari merdéka téh ramé nya?”
“Ih, ramé atuh! Engké téh sok aya seueur lomba. Aya balap ngaemam kurupuk, aya balap karung, sareng nu sanésna. Dédé hoyong ngiringan lombana?”
“Hoyong! Dédé hoyong ngiring balap emam kurupuk!” témbal Fadil. “Atuh ramé nya Pa, merdéka téh?
“Muhun, ari merdéka mah sok raramé.”
Antukna Fadil jeung bapana nuluykeun indit ka alun-alun di puseur kota. Di dinya, Fadil jeung bapana ningali nu pawéy abring-abringan. Kembang api ngajelegur di ditu-di dieu. Peuting éta ramé pisan.
Keur anteng-antengna ningali nu abring-abringan, aya musafir nyampeurkeun. Lalaki tengah tuwuh jeung budakna, nu kira-kira saumuran jeung Fadil. Bajuna belél, harideung, geus jiga elap. Awakna hideung lestreng jeung kucel. Duanana teu maraké sendal. Bapana Fadil ngodok pésak, rék néangan duit récéh. Song wé lima rébu, da nu beunangna nu éta. Geus dibéré mah duanana arindit, ménta deui ka nu séjén. Fadil tuluy melongkeun musafir nu dua bieu. Rét ka tukang, kaciri barudak leutik sapantaran manéhna. Keur baramaén.
Ningali éta kajadian, Fadil nu masih kénéh budak nanya ka haténa sorangan, naha maranéhna bet karucel kitu? Teu senang cara batur nu keur ningali kembang api jeung nu abring-abringan? Manéhna teu ngartieun.
Poé kamerdékaan Indonésia teu burung cunduk. Fadil geus anteng hareupeun TV, rék lalajo film kartun karesepna. Ngan, barang ngahurungkeun TV sihoréng nu aya kalah ka upacara bandéra.
“Mah, éta téh nuju nanaonan? Sadayana diaracuk bodas, ngajarajar,” ceuk Fadil nanya ka indungna.
“Éta téh badé upacara bandéra,” témbal bapana.
“Ari upacara bandéra téh naon?”
“Upacara masangkeun bandéra, cara di buruan bumi Dédé. Pan kamari masang bandéra.”
“Naha éta mah tihangna jangkung? Teras naha kudu ngahormat?” Fadil nanya deui.
 “Eum, éta téh supaya katingali ku sadayana, yén urang téh tos merdéka. Tah ari hormat mah, nandakeun urang téh nyaah ka Indonésia,” témbal bapana bari arap ap-eureup eup.
“Jadi Dédé gé kudu ngahormat nya Pa? Apan Dédé gé nyaah ka Indonésia. ”
“Muhun,” témbal bapana bari unggeuk.
 Geus lalajo upacara naékkeun bandéra, Fadil jeung kulawargana arindit ka lapangan, ningali rupa-rupa perlombaan. Aya lomba ngasupkeun paku kana botol, balap kaléci, balap karung, tarik tambang, nepi ka nu pamungkas nu pangraména, maén rebutan. Fadil atoheun pisan ningali nu keur lalomba.
Kabéh perlombaan réngsé jam satengah tilu. Geus bérés mah, kabéhanana balubar. Baralik ka imahna séwang-séwangan. Satepina di imah, Fadil langsung nyokot momobilanana, tuluy ulin di patengahan imah. Bapa jeung indungna lalajo.
“Tuh Dé, nu upacara deui!” ceuk indungna.
“Ieu badé naon deui?” témbal Fadil malik nanya.
“Ieu téh badé nurunkeun bandéra nu tadi ditaékkeun,” témbal bapana.
“Naha geuning kalah diturunkeun?” Fadil nanya, bari jeung bingungeun.
“Pan atos bérés acara ulang taunna ogé, jadi diturunkeun deui,” témbal indungna.
“Atuh meureunan moal katingali deui? Apan bandéra dikaluhurkeun téh supaya katingali ku sadayana.”
Bapa jeung indungna silih teuteup. Caricing. Teu apal kudu ngajawab kumaha keur ngajelaskeun ka anakna. Nyéh, bapana ngan ukur imut. Jung waé budak téh dipangku ku bapana, tuluy dilahun. 
“Ih, enya nya, naha atuh nya kalah diturunkeun?” témbal bapana api-api teu nyaho. “Bener nya atuh moal katingali deui ari diturunkeun mah. Pinter pisan putra bapa!” ceuk bapana bari imut, bangun atoh kana sikep anakna nu ngan hiji-hijina.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Pages