Teuing kumaha. Da enya atuh taya hiji-hiji acan perusahaan asuransi nu muka produk asuransi kabagjaan. Jaminan urang keur bungah. Kapan sakabéh jalma gé mikahayang bajga. Paheula-heula moro bagja. Nyukcruk tapak-tapak kabagjaan di jero pagawéan, di jero kaulinan, di jero pasangan, di jero naon-naon waé nu ngamungkinkeun méré kabagjaan.
Naha saha atuh di ieu dunya anu bisa méré jaminan kabagjaan? Gusti? Tapi cara gawé-Na béda. Urang teu bisa meuli polis atawa dokumén nu eusina perjanjian antara urang jeung si pihak asuransi. Urang teu bisa méré premi deuih. Atawa éta téa iuran nu dibayar ku urang ka pihak asuransi. Ka Gusti mah ukur ku ngalaksanakeun paréntah-Na gé pasti laksana bagja. Tapi sakali deui, cara gawé-Na béda jeung perusahaan asuransi.
Enya meureun. Cara mikir kuring salah. Meureun moal aya jalma nu bisa méré jaminan kabagjaan. Meureun euweuh hiji jalma bisaeun ngajamin kabagjaan jalma lian. Ngajamin kabungah dirina gé meureun héséeun.
Tapi da teu salah ieuh, idé asuransi kabagjaan gé mangrupa hiji perkara nu hadé. Loba jalma di ieu dunya nu teu bagja kana naon-naon waé nu disanghareupan, utamana ka dirina sorangan. Aya tukang béca nu kudu angger seuri saban manéhna meunang panumpang lintuh; tur teu meunang luhlah mun pareng balik anakna ménta sapatu anyar keur ka sakola.

Kabagjaan téh gumantung kana diri sorangan. Lamun kabagjaan dirina teu bérés, mangka kabagjaan nu kumaha baé ogé nu aya di ieu dunya moal bisa nganteur manéhna manggih bagja. Tah kumatak éta, asuransi kabagjaan téh bener-bener dipibutuhna. Jadi mun kabagjaan leungit, urang bisa ménta ganti rugi.

Kitu deui manéhna. Awéwé nu ti tatadi sasaréan gigireun kuring. Awéwé nu ku kuring dipikanyaah, nu ku kuring dipikareueus, sakaligus nu ku kuring dipikacinta. Pungky. Kuduna mah si Pungky gé boga jaminan keur bagja. Manéhna mampuh nerangkeun filosofi cinta ka ditu-ka dieu. Sedengkeun kuring? Kuring sorangan can kungsi medarkeun naon-naon perkara cinta. Nu karasa téh, kuring kacida mihaat ka manéhna. Sabisa-bisa kuring hayang tuluy babarengan. Duaan. Kuring yakin, duaan jeung manéhna bakal hasil dina gawé bareng ngabina naon waé. Pon kitu deui rumah tangga.

 “Pras, aku mandi dulu ya!” cék manéhna bari hudang. Tuluy imut. Sanggeus kuring unggeuk, manéhna leos muru kamar mandi.
Si Pungky mun mandi sok lila. Apal pisan tuda. Sosobatan gé geus liwat ti tilu taunan. Bari nungguan nu mandi, kuring maca buku deui. Suku disanghujarkeun kana méja. Heuleut lima belas menit manéhna kaluar ti kamar mandi. Geus maké baju genti. Geulis. Geura pék tingali.
 “Pras, kamu tahu kenapa aku lama mandinya?” manéhna muka obrolan bari ngését-ngését anduk kana buukna. Padahal hayang pisan méré jawaban kilat siga kieu, “Supaya awakna beresih. Atawa supaya engké teu mandi-mandi deui.” Tapi kuring teu némbal.
 “Di saat mandi. Aku hampir tidak mendengar apa-apa. Selain suara air dari keran. Bunyi sikat gigi dan bunyi sabun yang aku gunakan itu. Aku nyaris tidak memikirkan apapun walau hanya terhitung puluhan menit. Aku damai. Aku tenang sekali. Duniaku menyempit. Yang aku pikirkan hanya bersabun, bersampo, menggosok gigi, dan membilasnya. Hitungan menit, Pras! Tapi berarti banyak. ” manéhna mairan deui.
Kuring neteup manéhna. Katémbong sedih. Panonna reumbay cimata. Kuring nutupkeun buku tuluy milih nangkeup manéhna, “Sudah Pung. Sudah! Sampai kapan kamu mengharapkan dia? Orang yang tak pernah hadir di saat kamu paling membutuhkan dukungan. Orang yang mungkin memikirkan kamu sepersejuta dari waktu kamu yang kamu habiskan untuk melamunkan dia! Orang yang ga tahu kalau kamu harus pergi berlama-lama mandi hanya untuk tidak memikirkannya!” témbal kuring bari ngusapan tonggongna.
“Kamu ga ngerti, Pras! Ga ngerti!” manéhna némpas, “Ini cinta sejati! Mudah-mudahan suatu saat nanti kamu mengerti!” cék manéhna bari ngalepaskeun tangkeupan.
“Itu kebutaan sejati, Pung. Sadar!” témbal kuring nyeuneu.

 Méh nincak sataun dina saban poé kuring teu dibarengan ku Pungky. Sono. Sono paduduaan jeung manéhna. Sono gogonjakan jeung manéhna. Komo ieu, sono nungguan manéhna mandi.
Kapan enya, manéhna nu ngusumkeun mandi lila téh. Tuh tingali! Di sapanjang jalan ayeuna mah loba tempat mandi. Di dayeuh ngajajar wangunan-wangunan anyar nu dijudulan “titik titik..restaurant and bathroom” atawa “titik titik… bathroom and spa”.
Ramé waé deui tempatna gé. Pinuh. Payu pisan ku anu rék néangan kabagjaan. Ku nu rék mopohokeun masalah-masalahna. Ku nu rék ngilangkeun kacapé. Cara si Pungky, baréto. Carana mah bébas. Aya nu mandi gujubar-gujubur waé. Aya nu bari nyanyi. Aya nu bari ceurik. Aya anu bari gogoléran jeung réa-réa deui. Asal teu liwat tina waktu nyéwa. Hargana béda-béda, kumaha lilana nyéwa. Nu kuring apal mah kieu: satengah jam 35 rébu, kamar mandi biasa; 45 rébu, kamar mandi plus TV, jeung 70 rébu kamar mandi VVIP.
Tok tok tok! Sora panto diketrokan. Kuring muru panto. Barang srog dibuka, “Pras! Bapa aya? Itu loba nu démo!” cék Pa Lurah guligah. Ngomongna rusuh.
“Teu aya. Kunaon bet darémo kitu Pa lurah?” kuring panasaran.
“Itu, tukang miras, nu boga pub, nu boga diskotik, nu boga bar, bandar narkoba, ngararamuk! Alatan éta, loba nu muka tempat mandi. Maranéhna jadi teu parayu!” témbal Pa Lurah.
 Teu semet dinya masalahna. Loba laporan ti masarakat, ti kolot-kolot siswa, ti guru-guruna, ti bos kantor, malahan Pa Presiden ogé ngiring sasauran. Yén eta tempat kudu ditutup, sabab loba ngabalukarkeun masalah. Loba barudak nu teu asup sarakola ku lantaran mandi. Loba barudak nu kabeurangan indit sakola lantaran mandina lila. Loba pagawé-pagawé kantor nu teu indit gawé lantaran mandi. Loba pagawé kantor nu kabeurangan indit gawé lantaran mandina lila. Pon kitu deui para pejabat daerah.
Enya kitulah. Isukna, bapa kuring salaku Walikota nutup tempat-tempat mandi di dayeuh ku lantaran ngabalukarkeun masalah. Tuluy aya aturan anyar di unggal daérah: Dipahing mandi!

Sumber ti :  http://mangle-online.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Pages