Kumpulan Carita - Dongéng


Taun 1867, Hoofd-Panghulu Kabupaten Limbangan Garut nu jenenganana Muhammad Musa – nu harita geus dipikawanoh minangka pangarang buku-buku Sunda – nyusun buku nu judulna Dongeng-dongeng Pieunteungeun. Nu nerbitkeunana Kantor Citak Kangjeng Goopernemen (penerbitan resmi Pamaréntah Hindia Walanda). Dina panganteurna disebutkeun yén ieu buku téh keur bacaeun barudak sakola sangkan jadi misil atawa ibarat kana kalakuan hadé. Cindekna ieu buku diterbitkeun keur pendidikan karakter barudak sakola jaman harita.

Katimbang hadé lamun dongéng-dongéng dina ieu buku diwanohkeun deui ka barudak sakola ayena. Kahiji, keur ngawanohkeun deui jenengan Muhamad Musa jeung karya-karyana. Kadua, umumna eusi bukuna ogé masih kénéh réa pulunganeunana, jeung masih kontékstual keur pendidikan karakter barudak sakola jaman ayeuna. Ulah nepi ka barudak ayeuna poékeun obor, teu wawuh ka karuhunna anu kaitung rancagé waktu keur jumenengna.
Lantaran dina buku aslina mah éjahan jeung basana téh kabaheulaan kénéh, di dieu mah baris diropéa deui diluyukeun jeung éjahan katut basa Sunda jaman kiwari. Lian ti éta, aya sawatara dongéng anu moal dimuatkeun lantaran eusina geus teu luyu jeung sumanget jaman ayeuna.
Mugi-mugi aya mangpaatna!


 Manuk Garuda jeung Gagak

Aya garuda tarik pisan nyamberan anak embé. Disamber, diranggeum, tuluy dibawa ngapung. Harita, aya manuk gagak nyahoeun. Manéhna kabitaeun hayang nurutan kalakuan gagak.
Ceuk manuk gagak, “Katurutan moal nya lamun aing siga kitu?”.
Kabeneran, sanggeus nyarita kitu, gagak nempo aya embé badot. Gagak tuluy hiber luhur pisan, sanggeus di luhur monteng nutug ka handap. Bari nurutan garuda, gapruk nyamber embé badot sarta diranggeum ku cakarna.
Barang rék dibawa hiber, sukuna tikait kana bulu susuri embé. Atuh teu bisa hiber deui. Nu ngangon embé nyahoeun. Gancang baé gagak téh ditéwak, diteukteukan bulu jangjangna, sarta tuluy dibikeun ka anakna, dipaké kaulinan.
Ceuk anak nu ngangon, “Bapa éta manuk naon?”
Témbal bapana, “Ieu manuk téh hayang bisa nurutan garuda, tapi tétéla ieu téh manuk gagak!”
Hartina ieu dongéng: ulah wani-wani nurutan kalakuan batur nu moal katanagaan ku awak urang. Moal aya nu bisa nulungan kana sial jeung wiwirang urang, iwal akal urang nu kudu ngira-ngira, ngukur ka kujur nimbang ka awak.

Rambetuk jeung Singa

Hiji poé aya singa nu keur kacida ambekna. Gawena ngan bulak-balik, kaluar asup ka leuweung. Kituna téh bari gegero sesegor. Puguh baé sato séjénna sarieuneun. Aya rambetuk nu ngadéngéeun, sarta gétékkeun pisan ku kalakuan singa.
Ceuk rambetuk, “Kasebelan tah Singa. Mun kapanggih di mana baé rék diajak perang tanding.”
Singa nu ngadéngé omongana pok némbalan, “Montong loba omong siah!”
Rambetuk gancang hiber, tuluy asup kana liang irung singa bari nyocoan. Puguh wé singa beuki ambek bari nyakaran huluna sorangan nepi ka rawék, raraheut, jeung baloboran getih. Sanggeus karasa nyeri, singa téh tobat ngaku éléh.
Rambetuk bungah kacida lantaran meunang perang, tuluy bijil tina irung singa sarta hiber. Niatna rék uwar-uwar, ngabéjakeun yén manéhna meunang perang ngalawan singa. Kabéh sato rék dibéjaan. Ngan lantaran hiberna rusuh teuing, gapruk téh nabrak ramat lancah. Atuh teu bisa usik, sarta teu mustahil bisa paéh di dinya. Rambetuk meunang kasusah anu pohara, sanajan tadi bisa meunang perang tanding jeung singa.
Hartina ieu dongéng: Jelema kumaki mah matak gancang meunang cilaka. Mun urang keur punjul, ulah sok susumbar teuing, bisi engké aya nu males, cara rambetuk nu tiwas dina tataheunan ramat lancah.


 Manuk Titiran jeung Nyiruan

Aya nyiruan kasaatan, rék nginum ka pancuran. Teu ku hanteu éta nyiruan téh tisorodot, kecemplung titeuleum, rék paéh. Kabeneran aya titiiran rék eunteup. Nénjo nyiruan titeuleum, titiran téh karunyaeun. Geuwat metik dangdaunan, tuluy diragragkeun kana cai nepi ka nyiruan téh bisa ngarayap kana éta daun. Nyiruan teu tulus paéh.
Teu lila ti harita, aya paninggaran nu rék manah éta titiran. Tititran mah teu apaleun mun manéhna keur diincer ku panah paninggaran. Ari nyiruan, teu sing samar ka manuk titiran nu kungsi nulungan manéhna, nu ngajait manéhna basa tikunclung téa. Geuwat nyiruan hiber tarik pisan, muru bitis paninggaran nu rék manah titiran. Jeletot baé bitis paninggaran téh diseureud ku nyiruan. Atuh paninggarah téh ngagurubug, nepi ka teu tulus manah. Titiran gancang hiber, nyingkahan balai nu bakal tumiba ka manéhna.
Hartina ieu dongéng: Lamun urang daék tutulung, sanajan henteu dipénta ku nu lian, tangtu urang ogé bakal réa nu nulungan.

 Ngamumulé Paré

Aya dua budak lalaki, anak patani, keur arulin di sawah bapana.
Pok nu saurang ngomong, “Ténjo geura itu paré, nu geus tungkul jeung nu tanggah kénéh. Nu tungkul semu alum, henteu hurip cara nu keur tanggah kénéh!”
Nu saurang deui ngajawab, “Bapa urang nu kitu téa mah. Mun urang mah éta paré nu tarungkul téh dirabutan, dipiceun kabéh. Sésakeun nu tanggah kénéh.”
Bapana ngadéngé obrolan éta dua budak. Ceuk bapana, “Beu, alus éta omongan manéh nu kadéngé ku Bapa téh. Ngan maranéh kudu nyaho, pamulu kitu téh goréng, teu nyaho di nu hadé. Paré nu teu dipikaresep ku manéh téh nyaéta paré nu hadé mah. Nu matak tungkul téh bawaning beurat ku béas. Ari nu taranggah, éta kabéh paré nu gabug. Mangka hidep sing waspada, yén adat jelema téh siga paré Bapa. Jelema taya kanyaho téh angkeuhanana bisa ngungkulan ka nu boga pangabisa.” (hanca)


Ucing jeung Titiran
 
Aya titiran, ngaléléwé kalakuan ucing nu unggal poé sok mindah-mindahkeun anakna.
Ceuk titiran téh, “Ucing, naha manéh mah loba teuing ceta hayang anak salamet téh? Meureun sangkan ulah dihakan ku musuh manéh nya. Saha anu mapatahan kudu ati-ati kitu téh?”
Ucing ngajawab, “Ah kanyaho sorangan baé, euweuh nu mapatahan. Balikanan manéh, da sainget kami tara ieu mindah-mindahkeun anak. Nu matak anak manéh mah mindeng aya nu nyokot, boh ku jelema boh ku kami.”
Hartina ieu dongéng: Jalanna urang kudu ati-ati téh bisa ku ngawaskeun kasalahan anu séjén. Éta nu ngaranna kapinteran. Nu hadé nu goréng bisa  dipaké conto.


 Beurit jeung Landak

Keur usum tiris aya landak jeung beurit cantung. Landak boga paménta, hayang mondok dina liang beurit cantung da hayang nyingkahan hawa tiris. Teu mikir panjang, beurit gancang baé nitah landak sangkan asup kana liangna.
Tapi barang geus asup kana enggon beurit, Landak kalah cicing baé teu bijil-bijil. Malah tuluy ngeunah-ngeunah baé, depa dina liang beurit. Atuh nu boga liangna téh ngénca ngatuhu kukurilingan teu bisa asup. Tina heurin jeung rungseb ku seukeutna bulu landak. Bororaah bisa cicing, meus-meus kacocog ku bulu sémahna.
Beurit cantung kacida kaduhungeunana, rumasa salah teu panjang mikir. Nepi ka antukna beurit téh pok nyarita ka landak , “Ayeuna déwék geus teu betah euy cicing di luar. Ari rék asup ka jero heurin ku silaing da liang déwék téh teu bisa dicicingan ku duaan. Nu matak silaing ayeuna gancang kaluar ti liang déwék!”
Tapi landak kalah ngajawab bari seuri, “Saha anu teu betah cicing di jero ieu liang. Untung baé manéh tadi bijil, da déwék mah moal arék nyingkah undur tina ieu liang.  Puguh sakieu genahna.”
Hartina ieu dongéng: Mun urang rék ngawawuhan jalma, kudu dipikir heula masing asak. Sok réa jalma manggih kasusah lantaran gancang nyobat jeung teu panjang mikir.


Embé Badot jeung Sapi Jalu

Aya embé badot nu kacida bedasna. Sasama embé atawa dulurna kabéh taya nu kaduga nandingan karosaanana. Nu matak éta embé badot téh jadi sombong, boga rasa euweuh nu bisa ngalawanan manéhna. Malah hiji mangsa mah éta embé badot téh wani nangtang perang ka sapi jalu.
Barang papanggih jeung sapi jalu, tuluy anggang-anggangan baé taki-taki, maksud rék neunggar. Sebrut, gapruk sapi jalu téh diteunggar satakerna. Puguh baé embé badot téh ngajurahroh kalenger, satengah paéh. Tandukna remuk. Ari sapi nu teu kua-kieu, tuluy baé indit deui.
Barang embé badot sadar deui tina kalengerna, aya sobatna, embé séjén, ngaliwat ka dinya. Pok sobatna nanya, “Keur naon euy, ngadon ngajoprak di dinya?”
Embé badot ngajawab, “Ah, hayang nyaho baé kana kakuatan awak sorangan. Nyoba-nyoba kabedasan.”
Hartina ieu dongéng: kalakuan embé badot téh ngabuktikeun hiji omongan yén nu sombong mah méméh meunang cilaka sok pulutat-polotot. Ari geus cilaka mah sok ngaléhléh.


 Kaldé, Manuk Gagak, jeung Nu Ngangon

Aya kaldé keur nyatuan jukut deukeut tegal. Ditumpakan ku gagak bari macokan kulitna anu babak. Puguh baé kaldé téh nyerieun kacida. Sabisa-bisa manéhna gigibrig sangkan gagak nyingkah tina tonggongna. Tapi gagak téh teu daékeun nyingkah baé.
Teu jauh ti dinya aya nu ngangon. Ngan, gagak anu keur macokan téh diantep baé. Ukur dideukeutan, ari digebah mah henteu. Malah mah kalah ka seuseurian bari nempo kalakuan kaldé nu dianggapna ukur sisiwo.
Kaldé gegerendeng, “Emh, kanyeri déwék téh jadi dua ayeuna mah. Ari sabab, jalma anu sakuduna nulungan déwék, bet kalah nyeungseurikeun.”
Hartina ieu dongéng: Taya nu leuwih nyeri haté kajaba ti dicacampah. Tapi saha-saha anu nyacampah, nyeungseurikeun kanyeri, kasusah, atawa kawirang batur, éta jalma pantes dipikangéwa.


Manuk kérak Tinggal Parungpungna

Di hiji leuweung aya kérak nu keur muru parungpungna. Ngan baé éta parungpung nu jadi sayangna téh horéng geus dilindih ku ciung. Malah éta ciung téh geus ngendog jeung megarkeun anakna dina sayang kérak. Jangjang anak ciung geus humihid.
Ngan baé éta anak ciung téh siga geus teu salabar ngadago usum, geus hayang hiber baé bijil tina parungpung. Dicarék mah dicarék ku indung bapana téh, tapi tara ieuh didéngékeun. Barang kolot-kolotna keur pareng nyaba, salah sahiji anak ciung téh kaluar tina parungpung tuluy hiber. Lantaran buluna jangjangna tacan pepek, atuh hiberna ogé teu jauh, tuluy murag kana taneuh.
Éta anak ciung téh kapanggih ku budak angon, tuluy dipaké kaulinan. Sukuna nu hiji ditalian ku rara, disangsara sapoé jeput.
Barang jangjangna geus pepek, éta anak manuk ciung téh boga karék rék kabur, teu miduli kana sukuna anu dicangcang pageuh pisan. Tapi, manéhna maksa baé hiber sataker tanaga. Enya bisa lesot mah, tapi sukuna sempal sabeulah, tinggaleun dina cangcanganana. Atuh jadi cacad saumur hirupna, sarta jadi ngariweuhkeun dulur-dulurna nu welaseun ngurusanan, diperenahkeun dina dungus.
Hartina ieu dongéng: Ulah réa teuing mawa karep sorangan mun tacan mampuh katanagaan mah. Dina waktuna meunang sial, jadi apes saumur-umur. (hanca)


 Dua Bangkong

Keur usum katiga banget, situ ogé saraat. Bangkong-bangkong nu aya dina éta situ néangan tempat séjén. Kacaturkeun aya dua bangkong manggihan sumur anu caina loba kénéh. Éta dua bangkong nyarita ka batur-baturna, “Héh batur-batur, ulah jauh-jauh teuing arindit téh. Apan ieu aya sumur. Hayu nyaremplung baé ka dieu.
Ari ceuk baturna, “Gampang nyemplung mah, tapi kudu dipikir heula. Ieu sumur loba caian sotéh ayeuna. Engké mah mun saat, urang bakal hésé kaluar ti dinya.”
Tapi éta dua bangkong téh teu ngagugu omongan baturna. Keur caina pinuh kénéh, maranéhna teu laluncat deui kaluar ti sumur. Cicing baé di jero, rasa manéh ngeunah da tiis. Henteu lila, tina bangetna katiga, sumur téh saat. Atuh éta dua bangkong nu rék bijil ti dinya téh henteu bisaeun kaluar ku sabab jero. Tungtungna éta dua bangkong paéh di jero sumur nu saat ku sabab garering.
Hartina ieu dongéng: sagala kahayang nu rék disorang, pikiran heula akibatna. Ulah inget kana ngeunaahna ayeuna baé, bisi cara bangkong téa, sial lantaran kangeunahan nu sakeudeung.


Careuh jeung Titiran

Aya careuh beunang ku pitapak. Kacida sangsarana. Nu kapikir ku manéhna ngan inget baé yén bakal panggih jeung pati.
Kacaturkeun aya manuk titiran anu nyahoeun yén careuh beunang ku tataheunan manusa. Ngan éta titiran téh goréng haté. Manéhna gancang hiber nyamperukeun indungna bari bébéja, pokna, “Ema, sukur bagja kamayangan teuing, musuh urang bakal paéh. Geura urang tempo. Urang singsieunan, lelewang, sangkan reuwaseun jeung sieuneun.”
Ceuk indung titiran, “Embung teuing. Manéh gé ulah balik deui ka ditu. Teu boga kaéra maké ngomong kitu. Mupuas ka nu meunang cilaka siga kitu teu hadé, sanajan ka musuh bubuyutan. Wani ku wanina ngalawan musuh, dina waktu musuh keur manggih cilaka. Pagawéan nu jejerih jeung goréng éta téh.”
Hartina ieu dongéng: Ulah mupuas ka nu keur meunang cilaka, sanajan éta téh musuh urang. Sok komo ka sobat, wajib ditulungan.


 Merak jeung Bango Sair

Dina hiji poé aya merak paséa jeung bango sair, paalus-alus rupa. Ceuk merak, “Kalakuan manéh téh matak geuleuh deuleu. Geura bulu manéh salambar bandingkeun jeung bulu déwék. Gedéna, rupana, jeung hérangna, nya geus tangtu alus nu déwék. Bulu manéh moal bisa ngéléhkeun.”
Ari ceuk bango sair, “Bener omongan manéh téh. Ngan baé éta jangjang nu alus rupana téh ceuk déwék mah kurang gawéna. Manéh moal bisa nyusul kana kaunggulan déwék najan hadé rupa ogé.”
Merak nanya, “Nya naon kaleuwihan manéh?”
Témbal bango sair, “Kaleuwihan déwék téh bisa hiber. Geura pék susul déwék nepi ka méga.” Sanggeus ngomong kitu, bango tuluy hiber luhur pisan. Mérak tinggaleun sarta éraeun pisan.
Hartina ieu dongéng: Jadi jelema téh ulah sok agul ku kaalusan nu teu pira, bisi jauh katandingan ku batur.

 Sobat

Aya nu sosobatan, leumpang babarengan. Duanana geus pada jangji rék silih tulungan. Barang keur leumpang paamprok jeung baruang nu galak pisan. Rék ngejat geus deukeut teuing, tangtu bakal kacerek. Tapi salah duanana, mun ngahiji mah meureun bisa ngalawan jeung ngéléhkeun baruang. Ieu mah nu hiji, barang nempo baruang, tuluy baé naék kana tangkal kai gedé nu deukeut ti dinya. Nu hiji deui, nu tinggaleun téa, kaselempek teu bisa mingé. Bru baé ngalabuhkeun manéh, nangkuban kana taneuh sarta megeg ambekan, lantaran nyaho baruang mah tara daékkeun nyatu bangké.
Baruang nyampeurekun ka nu nangkuban téa, tuluy diambeuan sarta dilétakan sungutna, jeung ceulina. Enya baé éta baruang téh tuluy ngaléos ninggalkeun, teu kua-kieu, sabab nyangka jalma nu nangkuban téh geus paéh.

Barang baruang geus asup deui ka leuweung, geus jauh tina balai, nu naék kana tangkal kai gancang turun. Baturna ditanya bari seuri lumah-laméh, “Nya ngaharéwos naon tadi baruang ka manéh?”
Nu dilétakan ku baruang ngajawab, “Tadi téh kami diharéwosan anéh pisan. Malah lamun ti awalna kami nyaho kitu piwurukna, meureun kami téh bakal resep ka éta baruang, moal sieun. Ari piwurukna kieu, manéh téh cénah ulah daék deui babarengan deui jeung sobat nu sok cidra, nu teu daék silih tulungan, ngan mentingkeun salemet sorangan baé.” (hanca)

Sumber ti :  http://mangle-online.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Pages