Jaman Gupernur Jenderal Thomas Stamford Raffles (1811- 1816) Pulo
Jawa dibagi 17 Karesidenan. Tiap karesidenan diwangun ku
kabupaten-kabupaten. Jaman Raffles mah puseur dayeuh Priangan téh di
Cianjur. Waktu gunung Gede bitu taun 1684 puseur dayeuh Priangan kakara
dipindahkeun ka Bandung ku Residen Van der Moor. Lian ti jadi puseur
dayeuh kabupaten, Bandung ogé jadi puseur dayeuh Karesidenan Priangan
jeung puseur kamekaran kabudayaan Sunda. Jaman harita para bupati di
Tatar Sunda di wilayahna boga kakawasaan saperti raja-raja leutik.
Pamarentahan jeung gaya hirup para bupati mangsa harita mangrupa replika
ti para raja.
Status bupati anu jadi pamingpin mawa pungsi atawa peranan pikeun
ngawasa, ngatur jeung ngawas ajen inajen sosial kultural masarakatna.
Contona widang seni ibing (seni tari) . Kompleks kabupaten Bandung jaman
Bupati R.A.A.Martanagara ( 1893-1918) dijadikeun Balai (Bale)
Kabudayaan Priangan. Jeung Musieum. Lian ti dijadikeun sarupaning
musieum, ogé dijadikeun pusat kamekaran budaya kayaning seni tari atawa
ibing, seni gamelan jeung sandiwara daérah.
Para menak Bandung sering
diondang pikeun nongton pagelaran kasenian di dieu, tepi ka aya anu
nyebutkeun yén ieu gedong lain pusat kebudayaan tapi Susitet Pribumi (
Sociteit Pribumi). Kusabab hubunganna jeung karajaan di Jawa Tengah,
kaasup lamun ngabagéakeun tamu-tamu penting, acara-acara resmi anu
salawasna sok disuguhan pintonan kasenian pangpangna ibingan-ibingan
éndah. Di kabupaten-kabupaten digelar pintonan Serimpi nu biasana
diibingkeunana ogé ku putra-putri bupati katut karabat karaton. Tapi
béda fungsina jeung serimpi di Jawa Tengah. Jaman harita mah di unggal
kabupaten ngadeg grup atawa pakumpulan Serimpi , ibingan rampak atawa
kolompok husus diibingkeun dumasar kana unsur Sunda.
Pangaruh Mataram ka Tatar Sunda henteu kapendak dina kasenian wungkul,
tapi dina busana atawa anggoan ogé. Katut perlengkapan séjénna nu
dianggo ku para bupati Sunda jaman baheula saperti anu kaunggel dina
Piagem Mataram:
“Ingsoen Soeltan Mataram Kagadoeh dening Ki Ngebai Wirawangsa kang
prasaca maring ingsoen, Soen jenengaken Mantri Agoeng Toemenggoeng
Wiradadaha Soekapoera. Toemenggoeng Wiraangoenangoen Bandung, Tanoebaya
Parakanmoentjang, kang kami prasatja maring ingsoen. Angadeg Kangjeng
Soeltan angoerawat kang tengen angandaika den pada soeka wong agoeng
Sadaya, asoerak pitoeng pangkatan sarta ngaliliraken gamelan, lan
pasihan Ratoe, Kampoeh belongsongrat Koemambang, doehoeng sampana
kindjeng lan Raksoekan, lan kandaga. Lan lanteh, lan pajoeng bawat, lan
titihan sarta titjang kawoelanting Ratoe, wedana kalih welas desane wong
yigangatoes, dan perdikakaken dening wong agoeng Mataram.
Kala anoerat ing dina saptu tanggal ping sanga woelan Moeharam taoen alip, kang anoerat abdining ratoe, poen carik.”
Hartina:
Piagam ti kami Soeltan Mataram dipasrahkeun ka Ngabehi Wirawangsa anu
satia ka kami, di angkat jadi Mantri Agoeng Toemenggung Wirawangsa
Sukapura, Tumenggung Wiraangoenangoen Bandung, Tanoebaya
Parakanmuntjang, anu sarua satia ka kami. Jung Sultan ngadeg bari ngangkat panangan kenca pok ngadawuh “ he
sakabeh gegeden, aranjeun mangka gumbira, surak tujuh kali sarta tabeuh
gamelan! Raja masrahkeun anggoan kebesaran, ditaretes ku inten rinukmi,
ratna kumambang, keris anu pamorna kinjeng. Anggoan, kotak kebesaran,
samak, payung bawat (payung kaagungan). Kuda tunggang jeung abdi dalem,
12 wadana jeung desa katut padumukna 300 urang dibebaskeun tina
kawajiban na ka gegeden Mataram.
*Ditulis poe Saptu tanggal salapan bulan Muharam taun alip. Nu nandatangan abdi dalem, Juru tulis.
Kamekaran saterusna ibing serimpi henteu aya di kabupaten-kabupaten
wungkul tapi diibingkeun ogé di kalangan kaum menak jeung masarakat
biasa. Pangpangna barudak sakola nu digelar dina poé-poé penting atawa
poé-poé resmi kanagaraan. Kira-kira raraména mah dina taun `1925
lila-lila mekar di kalangan menak. Mangsa harita unggal ibingan putri
karya cipta sing saha baé disebut serimpi . Kitu deui nu disebut istilah
“Nyerimpi” atawa ibing Serimpi, unggal wanoja anu arék latihan ibing
putri nyebutna téh “Rék latihan Nyerimpi” , ibingan putra disebut
“Kursus”.
Sajeroning kitu di wewengkon Rancaekek muncul ibingan putri
anu disebut “Badaya” gubahan Sambas Wirakusumah. Mangrupa pamekaran tina
Ibing Putra ti kolompok Keurseus. Nu husus digubah keur tari putri
Rampak. Badaya Sambas beda jeung Badaya di karaton Cirebon jeung di
karaton-karaton Jawa Tengah. Ngaran Badaya dicutat tina ngaran gending
pangiring ibingan nyaéta Lagu Kawitan naék Badaya, maksudna sabada tamat
Kawitan disambung ku Badaya. Ibingan-ibingan putri di Tatar Sunda nu
muncul sabada taun limapuluhan sipatna sarua jeung Ibing Topeng Sunda
anu disusun dumasar kana ukuran masintg-masing jeung mihak kana sipat
dasar ibing keurseus.
Penca Silat
Penca Silat asalna tina Béla Diri. Upama ditingal tina sajarah
kamekaranana, mimitina penca silat henteu diajarkeun mangrupa Penca
Kembang (Ibing Penca). Jurus-jurus penca diréka keur nyerang lawan jeung
nangkis serangan ti lawan. Boh nyalametkeun diri tina serangan sato
galak boh monyet atawa serangan ti papada manusa. Kulantaran kitu sohor
aya anu disebut pamacan jeung pamonyet. Baheulana penca silat memang
tujuanna keur bela diri Boh keur ngabela diri pribadi boh keur pasa
jagabaya di daérahna. Contona saperti anu dilakukeun ku Dalem Wiratanu
ka IV nu maréntahkeun ka Embah Kahir (Ti Penca Cimande) keur ngalatih
para prajurit, Kitu deui waktu Wadana Pacet diteror ku Si Beka rampog
gerot ti Onggol Cibarusuh, kapan ménta tulungna ka R.Obing jeung Ateng
jago-jago silat keur newak Si Beka ti lemburna.
Malah baheula mah
santri-santri anu dialajar di pasantren-pasantren ogé dibekelan elmu
silat dina palajaran jasmani jeung bela diri. Lian ti ahli widang agama
jeung bela diri, umumna para kiyai maher oge kana tembang Sunda
pangpangna tembang macapatt nu mangrupa sarana keur nyebarkeun agama
Islam. Macapat diajarkeun ka santri-santri bada wiridan sangkan leuwih
narik jeung gampang sumerepna kana uteuk para santri Tapi lila-lila
nungtutan laleungitan sabada lahir Kepolisian Negara nu dilengkepan ku
senjata api. Tapi lila-lila penca silat mekar deui, lian ti keur bela
dijadikeun penca kembang nu leuwih ditekenkeun kana seni atawa
kaendahanana.
Anu jiga gerak ibing, Kusabab indit-inditanana tina bela
diri tea, katingal aya gerak nyerang, ngagiwar, neunggeul, meubeutkeun,
najong jeung saterusna kuma tea jurus-jurus silat. Saterusna make
pakarang ogé kayaning bedog, tongkat panjang, trisula pedang jeung anu
séjén-séjénna deui. Pintonan penca kembang atawa Ibing penca kacida
dipikaresepna ku masarakat. Taun duapuluhan di alun-alun Bandung sering
dipintonkeun kasenian penca saperti kieu.
Nu maraena lalaki jeung awéwé,
rék nyorangan atawa tunggal, duaan atawa kolompok. Malah di Jawa Barat
mah jadi tradisi , sok ditanggap dina hajat atawa kariaan pangpangna
nyunatan. Boh widang bela dirina boh keur pintonan, penca silat mekar di
lembur-lembur di desa-desa jeung di kota-kota sakuliah Jawa Barat,
umumna dibina di Paguron-paguron poenca. Paguron anu sohor di Jawa Barat
di antarana Bangau Putih, Taji Malela, Perisai Diri, jeung loba-loba
deui. Ti iraha penca silat muncul di Jawa Barat kaunggel dina Kidung
Sunda saperti kieu;
Puluh-puluh rombongan. Henteu kaitung
Tujuh rupa penca
Nu ulin pakarang baé
Lain deui bangsa serimpi badaya
Éta ngagambarkeun kajadian saméméh Perang Bubat waktu Putri Dyah
Pitaloka Sunda putra Prabu Linggabuana wapat newek salirana ku anjeun ku
Patrem Pusaka bela pati ka rama anu ti payun wapat. Éta téh Pupuhna
Pucung, jigana ngandung ma’na, aya tujuh rupa penca (jurus penca) teu
kaasup serimpi Badaya, ieu mah penca wé. Nu ngabedakeun serimpi badaya
jeung silat bisa jadi jurus-jurus penca ngan ngamaénkeun senjata. Bisa
jadi penca henteu dipintonkeun keur bela diri tapi keur pintonan saperti
Badaya Penca keur pintonan geus digelar ti taun 1356 Masehi. Dina
pintonanana, penca silat dipirig ku kendang . kusabab kitu sok disebut
kendang penca.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar