
Handapeun langit nu kulawu, kuring kungsi ngabedahkeun cimata dina
handapeun tetengger makam indung. Sora ceurik nu awong-awongan ngan awor
dina jero dada, sabab nu ka luar mah ngan berebeyna cimata nu teu
kaampeuh ngahiji jeung keclakna cihujan nu keur maseuhan.
Harita, kuring ngan wasa tungkul, menekung bari jiwa asa gorowong ku
tatu nu taya wujudna. Lisan ngalafadkeun runtuyan dunga. Sedeng leungeun
ngawurkeun kembang samoja.
Ieu raga asa geus teu bisa ngararasakeun
nanaon iwal ti mireng sora guludug nu neunggeulan mamaras.
Ti harita, kuring sok resep neuteup langit kulawu. Cumeluk nepi ka
hujan cluk-clak. Sanajan hawa jadi tiis, tapi kuring laluasa pikeun
ngumbar lamunan. Nyawang rupa-rupa kajadian nu geus karandapan nalika
hujan marengan.
Nepi ka hujan ngagebrét, kuring sok resep nadahkeun dampal leungeun
bari tanggah. Nampanan mangréwu keclak caina tuluy diranggeum sina
merebey kana sela-sela réma. Lir nu sapagodos, cimata merebey tembres
sésélékét niisan haté.
Ti harita, kuring gé sok resep mireng sora guludug. Beuki ngajelegur sorana, beuki neunggar karasana dina dada.
“Raini, hujan!” kitu haréwos angin tiis téh.
Leungeun kuring sok tuluy aya nu metot. Duka teuing rék dibawa ka mana.
Ngan nu karasa awak jadi baseuh, getih asa teu ngamalir deui.
“Raini, hujan!” kitu saur Apa téh.
Awak kuring sok tuluy dipayungan, dituyun ka nu teu kahujanan. Sanggeus
kuring disalin, Apa sok mangninyuhkeun cai éntéh amis. Laju nyarios
perkara panti. Di luar, hujan masih ngagebrét mirig leunjeuran carita
Apa. Kuring ngan wasa unggut, da biwir mah asa rapet.
Di panti téh bakal loba babaturan, bakal aya nu ngurus kuring, bakal aya ibu jeung bapa panti nu kanyaahna sarua, bakal aya ...
Teu kapireng, naon deui nu bakal aya di panti, saur Apa. Sabab nu
leuwih kapireng téh sora haté nu nyebutkeun yén, “Di panti mah moal aya
Apa, moal aya kanyaah Apa.”
Mimiti dianteurkeun ka panti ku Apa, dua kantong eusi pakéan jeung
barang kuring lianna. Sanggeus cacarios jeung pibakaleun bapa panti, Apa
ngambung embun-embunan kuring. Tuluy ngambung taar jeung damis. Taya nu
dicarioskeun ka kuring mah, ngan tina kongkolak socana kuring bisa
nyawang kalewang Apa nu taya hinggana.
Harita, langit gé pulas kulawu. Hayang teuing der ngagebrét hujan sing
badag sangkan léngkah Apa ninggalkeun kuring di panti kahalang. Sangkan
upama kuring ceurik nangkél ka Apa, teu katangén merebeyna cimata, ogé
teu kapireng hingna sora ceurik.
Tapi hujan mimiti cluk-clak nalika Apa geus ninggalkeun kuring, nalika
tonggong Apa geus leungit tina teuteupan kuring. Indung panti
nyampeurkeun tuluy ngusapan tonggong, kuring ngan wasa tungkul bari
nahan mangréwu cimata pihujaneun dina haté.
Ti harita kuring pisah jeung Apa. Ngarandapan cicing di panti. Unggal
poé, nu ditutungguan iwal Apa. Sanajan aya bapa panti, sanajan enya
sarua asihna, tapi geterna kana haté éstu béda.
Ti harita langit dina haté kuring gé kelirna kulawu. Sanajan
dicangra-cangra ku sorot kaasih ti ibu jeung babaturan panti, tapi
cangrana asa béda. Henteu béngras pisan. Kari nganti, hujan iraha
clakna.
Apa! Iraha badé ka panti? Ceuk sora hate, galécok tumanya ka diri.
Hiji mangsa hujan ngeclak tuluy ngagebrét. Kuring balik ti sakola ka panti. Angin tiis ngaharéwos deui, “Raini, hujan!”
Haté kacida bungahna. Sabab kuring bisa merebeykeun cimata jeung teu
éra nyorakeun hing ceurik. Gogorowokan ngangentraan Apa, patarik-tarik
jeung sora guludug. Ngumbar lamunan, nyawang deui rupa-rupa kajadian nu
geus karandapan nalika hujan marengan.
“Apa! Raini hoyong tepang!” Haté galécok jeung cihujan.
Leungeun kuring karasa aya nu metot. Duka teuing rék dibawa ka mana.
Ngan nu karasa awak jadi baseuh. Getih asa teu ngamalir deui.
“Raini, hujan!” kitu saur bapa panti téh.
Awak kuring tuluy dipayungan, dituyun ka nu teu kahujanan. Sanggeus
kuring disalin, ibu panti masihan cai haneut. Laju nyarios perkara Apa.
Di luar, hujan masih ngagebrét mirig leunjeuran carita ibu panti. Kuring
ngan wasa unggut, da biwir mah asa rapet.
Kedah sabar, ikhlas, tumarima kana takdir. Sing betah, aya ibu jeung bapa panti nu sayaga masihan kanyaah, aya ...
Teu kapireng, naon deui nu disaurkeun ku ibu panti. Sabab nu leuwih
kapireng téh sora haté nu galécok cumarita, “Apa! Raini hoyong tepang!”
Isukna awak kuring harééng. Ibu panti siang wengi ngajaga kuring.
Ngahuapan, masihan obat, jeung ngomprés kuring. Bapa panti ngusahakeun
manggihkeun kuring jeung Apa.
Geus rada cageur, Apa ngalongok kuring di panti. Saharita langit haté
kuring nu kulawu téh jadi cangra. Taya pihujaneun saeutik-eutik acan.
Barang gok pasanggrok gé, kuring ngagabrug, tuluy ngeukeupan Apa.
Neueulkeun sirah kana dada Apa. Karasa aya nu ngeclak kana
embun-embunan, cisoca Apa. Karasana bungah kacida panggih deui jeung
Apa.
Awak asa hararampang, nu rarieut téh jadi ngurangan. Komo basa Apa
ngahuapan kuring buah arumanis, jiwa nu asa gorowong ku tatu nu taya
wujudna téh asa kaubaran. Laun-laun hégar deui.
Apa kulem di panti sawengi. Haté reugreug kacida, sanajan teu mondok
sakamer jeung Apa. Énjing-énjing pisan Apa angkat ti panti téh, panonpoé
gé karék meleték.
Sanggeus cacarios jeung bapa panti, Apa ngambung embun-embunan kuring,
tuluy ngambung taar jeung damis. Taya nu dicarioskeun ka kuring mah,
ngan tina kongkolak socana kuring bisa nyawang kalewang Apa nu taya
hinggana. Raray Apa kaciri rada kanyosna. Kuring ngan wasa unggut. Imut
saeutik bari dina jero haté mah ngarakacak.
Harita, langit haté kuring nu cangra laun-laun jadi kulawu deui. Hayang
teuing der hujan ngagebrét sing badag, sangkan léngkah Apa ninggalkeun
kuring di panti jadi kahalang. Sangkan upama kuring ceurik nangkél ka
Apa, teu katangén merebeyna cimata, ogé teu kapireng hingna sora ceurik.
Kuring pisah deui jeung Apa. Ngan haté teu lewang teuing, isuk jaganing
géto kuring masih bisa papanggih deui jeung Apa. Teu kawas hayang
panggih jeung Ambu nu geus mulang ka kalanggengan. Teu kawas babaturan
kuring nu Ambu jeung Apana geus taya dikieuna.
Ayeuna mah mun hujan geus réngsé, kuring karék hayang nyawang langit.
Hayang ngagambar raray Apa dina langit nu cangra tuluy diteundeun dina
langit haté kuring. Komo mun aya katumbiri, kuring sok tuluy tanggah.
Lir imut Apa, melengkungna katumbiri mapaés mamaras rasa.
Sababaraha minggu ti harita, kuring mimiti betah cicing di panti. Ibu,
bapa, jeung babaturan panti mimiti karasa anteb kanyaahna. Cahya
panonpoé mimiti meleték dina langit haté kuring. Haneutna mimiti
sumarambah.
Teu lila langit haté kuring cangra téh, Apa ninggalkeun kuring ka
kalanggengan. Kacida handeueul, sabab kuring dibéjaan sanggeus Apa
dikurebkeun.
Handapeun langit nu kulawu, kuring ngabedahkeun deui cimata dina
handapeun tetengger Apa. Sora ceurik nu awong-awongan ngan awor dina
jero dada, sabab nu ka luar mah ngan berebeyna cimata nu teu kaampeuh
ngahiji jeung keclakna cihujan nu keur maseuhan.
Harita, kuring ngan wasa tungkul, menekung bari jiwa asa gorowong ku
tatu nu taya wujudna. Lisan ngalafadkeun runtuyan dunga. Sedeng leungeun
ngawurkeun kembang samoja. Ieu raga asa geus teu bisa ngararasakeun
nanaon iwal ti mireng sora guludug nu neunggeulan mamaras.
Kuring percaya, langit moal salawasna angkeub. Sabab hujan bakal
ngaririncik luyu jeung wancina. Kuring ogé percaya, langit moal
salawasna cangra. Sabab cahya panonpoé laun-laun bakal tilem luyu jeung
wancina. Sabab kuring masih percaya, upama titik-titik cihujan kasorot
cahya panonpoé, langit bakal beuki éndah katumbirian.
Di panti, éta katumbiri téh mimiti mapaésan langit haté kuring. ***
Sumber ti : http://mangle-online.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar