
Heueuh mati tea, alias teu ngahasilkeun. Manasina ayeuna moal-moal acan
wawuh ka nu ngaranna amit sun. Ketang dirarab mah teuing ku sarerem
ngaran wewengkon Bandung pawetanan harita. Coba wé Leuwi Boéh, Seke
Jurig, Bojong Dedemit, Bojong Podol jeung naon deui lah.
Harita usum katiga, reup peuting tiis comrék. Salelembur numpi taya
nu pirajeunan ngulampreng, kalah ka pos ronda wéh ngajalegir tengah
lembur jeung di wates tungtung lembur. Ari simanahoréng aya anu maot
anyar dikurebkeun di Tegal Mati. Nu matak hélok tur ngondang
kapanasaranan téh cenah saban tos ngurebkeun kudu wé kabéjakeun
némbonganana jurig beungkeut tilu. Kitu baréto mah nelahna, mun ayeuna
mah pocong tea.
Jurig béntang filem pangngetrenna, sumber bobojegan dunya bobodoran
malah jadi bobondelan dunya intertainment nu boéhna waé dijarieun busana
pikalucueun carek maranéhna mah. Padahal naon pikalucueunana? Nu sidik
mah nyiptakeun borangan massal ti kelas bebenjit tepi ka aki-aki jeung
nini-nini. Teuing kumaha pipikiranana.
Lembur sabudeureun Tegal Mati harénghéng cakueum, Mang Ejeng teu
sirikna neumbrag panto imahna bari walahwah-weuleuhweuh moal ngaliwat
deui ka jalan Tegal Mati da katangen pisan dina saung pasaran aya nu
sidengdang ucang-ucangan, makhluk sarwa bodas kukuncungan.
Mang Jamprang kitu deuih. Mas Nasro tukang baso nyakitu dipegat jurig
kukuncungan cenah. Atuh Kang Juju ginggiapeun tepi ka ayeuna, cenah pas
nyukang sasak awi anu nepungkeun Tegal Mati reujeung palemburan. Dina
tangan-tangan sasak kasampak jurig kuncung beungkeut tilu keur ucang
anggé.
Malah kungsi geunjleung basa jalanan Tegal Mati dipaké shooting filem
horor peuting-peuting, ana diroris dina monitor bet aya anu
aclok-aclokan nutur-nutur artisna. Isukna gancang pupuhu kru filem
ngadatangan Bah Aih sabalad-balad nu kapeto kuncén ngarangkep pawang
lelemes alias dunya lain. Ku kituna pésak si Abah tangka merekis, encan
peperet sasajén nu disayagikeun sababarah nyiru mah. Ditambah sasajén
karuhun modern kayaning inuman teurab, inuman nyereng jeung ci enen
sapi.
Si Abah gé tara hawek, urusan peperet mah sok diémbratkeun ka para anak
buahna; Kang Oyong, Kang Saridi jeung Si Obos, grup lengger ‘pembasmi’
sasajén. Lumayan kaala tanaga maranéhna téh disagedéngeun kurad-koréd
ogé biro jasa dunya lian. Ngan nyéta ku ngalalonyéngna, Kang Oyong
dititah adan mapag mayit kalah ka ngaréngkol di jero bangkarak pasaran.
Kang Saridi masket pisan kana kuda lumping. Aturan keur ngali kuburan
gé, ngaliwat wéh abringan kuda lumping, na da ngabelecet nuturkeun,
ngadon ririgigan sajajalan. Atuh Si Obos nalika bapana sorangan keur
papanganténan jeung indung téré anyar teu kireum-kireum ngadon ngintip,
ngahéphép di kolong risbangna.
Enyan aya ku leuwih Si Obos mah, éta wé basa keur kerja bakti padat
karya, kurumuy ti nu bala diabring balad-baladna bari ngagigiwing cenah
ceuk manéhna anak kelenci beunang bebedil, mémang enya da bari nyorén
bedil cuklis. Geus disisit jaba geus euweuh huluan diasongkeun ka
ibu-ibu sina disiksikan laju ditaliiran ajangkeuneun bapa-bapa nu keur
digarawé ngecor jalan kampong. Sawatara kaom ibu ngagebér saté, nu
digarawé arerror pating laliud. Kang Otoy tangka ngacay bakat ku uruy,
Kang Moses nu geunteul tikorona elok-elokan, kari ngadudut gé piraku teu
ngagorolong.
Bayangkeun wé, keur capé bari lapar tengah poé éréng-éréngan ngambeuh
girinyih saté, piraku teu kokosodan. Teu salabar, brak wéh dalahar dina
daun cau. Kéjona beunang ngeduk ti dapur RW, da pan prinsip rayat
Endonésia mah; banda RW banda rayat, banda rayat cadu banda RW.
Ana soréna sanggeus leleson di arimahna masing-masing, sakur nu
ngahempol sate taya nu babalongkéngan da sihoreng nu disaté téh… beurit.
Peuting keur reyem-reyem , Bah Aih rerencepan ka pakuburan Tegal Mati,
ngingkig sorangan teu mawa balad. Biasa job nyekar pleus nyebor hirasan
kulawarga nu kapapaténan tilu poé katukang. Lain teu ngadéngé harénghéng
isu jurig pocong, lain pédah teuneung ludeung ogé lain teu ngahodhod
katirisan duméh tukuh wé kana pancén. Ari srog ka jajalaneun lebah saung
pasaran. Gebeg ! sidik pisan hareupeunana aya nu ngagaclok sing sarwa
bodas lebah sirah wéh kukuncungan.
“Deuleu ituh, ieu geningan jurig kuncung téh!” kagét-kagét ogé Bah Aih
ngagerenyem. Teu burung jantungna eundeur, guyan gayun badis jam bandul
buatan Walanda. Sakilat awakna malik bari matek aji lengkah sarébu ngan
teu sadar botol orson nu dieusi cai kapangpengkeun meneran pisan kana
beungeut si jurig beungkeut tilu. Bareng jeung soara ngowowong, Bah Aih
ngabelesat di tempat alias kokoséhan.
Pangrasana geus dina golodog imahna. Jigahna ajian léngkah sarébuna
teu metu, camal gara-gara tamarakan ngahakan saté beurit. Bah Aih
ngarandeg, anéh… aya jurig bet ngagoak? Pudugdug kawanina bijil, serebét
jekok-jekok peureup kahotna ngareuceuh awak jurig si kuncung, teu
kaliwat beungeut jeung palangkakanana. Enya gé peureupna teu sagedé
peureup Chris Jhon tapi ari mindeng kaasahna ku citakan bata mah, jurig
beungkeut tilu gé tangka ngarihreuh kocéak dengék.
“Ampuun… ampuun, uing ieu mah!”
Bah Aih teu ngawaro beuki wani, posisina asa di atas angin. Ceuk
pikirna éta si jurig kuncung téh geus leungit kasaktianana. Heueuh pan
meureun bisa ngaleungit pantesna gé, cenah ditonjok gé sok ngeplos jaba
kudu cicikikikan lain aduh alah. Si jurig kuncung dadayagdagan, kudawet
gebru weh nambru. Sedeng Bah Aih ngawangun kuda-kuda ala si Burusli,
kadé lain pamajikan Pa Rusli.
Aing moal méré hojah deuleu ceuk keretegna. Da jeung enyana peresis Mik
Tisen ngaragragkeun si Toni Tubb atawa Muhamad Ali nganfaskeun si Joe
Norton. Kerewek kana talutug nu nanggeuh dina tihang saung bari kabayang
isuk beurang baris guyur salelembur éar sajajagat; Bah Aih pawang sakti
nalukkeun jurig pocong Tegal Mati. Dina kover Koran Pe er jeung Gala
baris ngajeblag panggedena; Bah Aih penakluk pocong.
Atuh Kang Eca ti
Mangle moal cicingeun bakal ngamuat carita silat jawara sakti ti Tegal
Mati. Kang Aan MP geus pasti nulis sasakala Pocong Keok. Jigana Ceu Aam
ge moal kakantun ka-inspirasi nyieun novel; Cinta Dalam Seutas Tali
Pocong. Paling heunteu upama si jurig kuncung geus teu walakaya rék
digusur ka buruan imahna dibeungkeut dihijikeun jeung tangkal kalapa
sedeng si Rw Fajar sina ngumumkeun kana sapiker masigit tapi saméméhna
geus disiapkeun kéncléng saridona lima rébu ka luhur. Teu kabayang mun
sapoena saratus pangunjung kali lima rébu, saminggu sabulan sataun kali
lima rébu, samilieur wé pokona mah. Komo ayeuna usum internet, kari
ngiklankeun. Kabina-bina teuing, moal éléh ku si Ponari urang Jawa.
Inget ka dinya, Bah Aih teu ngengkékeun, rikat ngaheumbatkeun talutugna.
Tapi….
“Ampuuun Bah!... Ampuuun, ieu mah uing!”
Si jurig kuncung ngaweuleuhweuh kenceng naker bari nguniang hudang,
leungeunna pakupis ngudar taregos kuncungna. Bah Aih ngarego, nyentok
paneunggeulna ngan baé rada nyangkiweng, gebro weh kana tangkal jarak.
“Hahh!... Silaing Obos?”... pokna reuwas kareureuhnakeun, bréh beungeut
si Obos, tarangna nu nongnong ti kudrat tangka nyorondoy sababaraha
senti, atuh irungna jadi mancung ka jero. Biwir wéh ngabulaéh kawas keur
nyeupah, nya teu aya kajaba korban “keganasan” peureup kahot bogana Bah
Aih.
“Jadi…jadi…nu geus ngageunjleungkeun lembur téh, silaing nyah?”
Nu ditalek merekpek unggeuk. Kituna bari lewa-lewé sawatara leungeun kéncana nyangkéh palangkakan, paur ngageclik sigana mah.
“Ari silaing… Obos… Obos!” ***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar