Kangaranan nu keur pelesiran, saréréa padabungah, sukan-sukan negrakkeun
kasuka ati, nyieuhkeun kariweuh jeung capé gawé di kantor. Nya kitu
deui rombongan karyawan jeung karyawati PT Sugih ogé saruka bungah.
Puguh pelesiran ka tempat nu éndah, aya di lelewek suku gunung nu
hawana seger, beresih tina polusi kota nu matak eungap. Cai cur-cor,
tatangkalan ngémploh héjo, angin taya reureuhna ngageberan awak. Pugu
baé itu ieu téh sarwa mecak.
Di lapang hareupeun panginepan nu jukutna héjo kandel, sababaraha urang
karyawan aranteng sesedekan maké bal palastik, mani sarumanget
nyéta-nyéta pamaén propésional. Karyawati tingcikikik jeung baturna
silipotrét ku kaméra HP lebah backround kekembangan, lebah pancuran
jeung tempat éndah séjénna. Demi para pucuk pingpinan aruplek
ngawangkong. Lain, lain wangkongan beurat siga di kantor, kitu wé semet
wangkongan énténg, semu siligonjak. Enya, satékah polah kariweuh di
kantor mah ulah nepi kacaturkeun dina wangkongan nyalsé. Pati-pati kudu
diadurenyomkeun ogé engké dina waktuna nu peresun.
Aya deui nu misahkeun diri ti balaréa, bangun embung kaganggu duméh aya
maksud-maksud nu tangtu nu narah katohyan ku batur. Dua insan lawan
jinis, enya awéwé jeung lalaki nu keur sumedeng diasruk galura asmara.
Duanana tingsalingker néangan tempat anu rinéh, anu leuwih éndah, anu
romantis!
Teu hésé manggihan da puguh di tempat rékréasi. Kakayon, kekembangan,
warna-warni jeung asri bisa ngahudang rasa nu keur kasandingan jaladri
asih, kapentang panah katresna. Geus puguh deui hiliwir angin ririh nu
matak seger ngusapan awak. Puguh baé duanana wuwuh tumaninah, dunya
milik kita berdua siga ceuk barudak ngora karasa enyana.
Duanana teu kabitaeun ku nu salusurakan saruka bungah najan harita
wanci geus nampeu ka soré. Teu kungsi lila jempling marengan raja poé
tunggang gunung tur teu kungsi lila ngong adan magrib ti pilemburan.
Jaba rék sarolat magrib barjamaah, rombongan téh rék reureuh heula da
apan bada solat isa rék ngayakeun riungan geusan adu rényom ngeunaan
kamajuan pausahaan.
Demi Yanto jeung Yayah, dua insan nu misah ti rombongan téh bangun
baretah kénéh nyingkur. Duanana keur nganteur geter asih séwang-séwangan
Najan kitu, basa ngadéngé adan magrib mah maranéhna gancang sadar, teu
hadé kalalanjoan nganteur kereteg napsu. Duanana sapuk carengkat seja
ngampih aub jeung rombongan. Aya kénéh poé isuk keur sukan-sukan
padsuduaan mah.
"Yu Yang ah urang mulih," ajak Yanto bari ngabedol pigeulang Yayah nu bangun kalékéd rék nguniang téh.
Barang duanana carengkat bari ngeprukan kokotor urut diuk na jukut,
maranéhna digareuwahkeun ku nu ceurik ngadingdiut bangun kanyenyerian.
"Kukupingan téh aya nu nangis nya Kang Yan?" tanya Yayah bari teu sadar nangkeup awak Yanto.
"Muhun, sora istri," témbal Yanto bari nyekel pageuh nu keur tipepereket nahan kasieun.
"Kumaha atuh, wangsul baé yu tos magrib!" punduk Yayah dumadak
kukurayeun, angot barang ngadéngé nu ceurik bangun nandangan kanyeri.
Teg deuih nyangka nu lain-lain heug wanci geus sareupna, boa-boa jurig
nyiliwuri sétan mindarupa mangkaning di tempat nu kawilang sanget.
"Hayu Kang ah bilih..." Yayah teu werat ngedalkeun nu dipikasieun.
"Ké lanan. Bilih enya jalmi," kituna téh Yanto bari ngabedol leungeun
Yayah muru datangna sora nu sakapeung ngiles sakapeung atra. Duanana
ngeteyep ngadeukeutan rungkun, bras ka guha nu ceuk urang dinya mah
disarebut Guha Cinta. Puguh baé jajantung Yayah beuki ngageter, sieun
kumaonam.
Nepi ka riungan dibuka mah saréréa teu maliré kaayaan Yanto jeung Yayah
téh. Malah saréréa yakin duanana ngilu ngariung jeung nu araya. Ngan
basa riungan rérés, dipindo balakécrakan, mimiti kadéngé nu tingkecewis
ngeunaan Yanto jeung Yayah.
"Lain, asa teu nénjo Yanto jeung Yayah euy!" ceuk Irfan ka baturna.
"Keur aradus meureun," témbal Doni.
"Si, ngomong téh!" Irfan jebi, taksiran tugenah batur sadivisina disangka milampah teu uni.
"Cik atuh nya ari keur dines kieu mah acara bogoh enyaan téh dikénsel
heula." Boim nyenggakan bari haténa rada mentegeg. Meujeuhna, neundeun
haté ti baréto ka Yayah téh ari galéong disantok pagawé anyar, Yanto
"Bobogohan meureun seblu!" Doni nyureng.
"Bobogohan mah bobodoan, jurig! Pan ieu mah sidik enyaan, teu aleucreug." Boim beuki nyeuneu.
"Minggeus lah lain urusan urang!" aya nu ngagebés.
Antukna tepi ka tengah peuting pahibut nyaritakeun nu leungit tanpa
raratan. Duloh minangka kaamanan mimiti cakah-cikih bari tugenah da Pa
Diréktur baketut.
"Na teu sina lapor heula Dul?"
"Numawi jol ngereles," témbal Duloh nu padahal manéhna geus
ngawanti-wanti ulah jarauh ti rombongan jeung lamun rék ka mamana kudu
bébéja.
Kusiwel Duloh ngodok HP, klik mencét nomer HP bogana Yanto. Taya
jawaban, teu aktif. Klik mencét nomer HP Yayah, nyambung ngan teu
diangkat.
"Beu!" Duloh gegetun. Ibur wéh. Diréktur ngeprik wadiabalad karyawan
sangkan néangan nu duaan bisi meunang musibat nu teu dipikahayang. Biur
ngencar ka ditu ka dieu di sabudeureun lelewek pelesiran, lebeng. Duloh
gasik laporan ka nu boga panginepan di dinya. Atuh no boga panginepan
cakah-cikih.
"Ké urang nyauran nu tiasa," ceuk urang panginepan.
"Sanés sakali dua kali kajantenan kitu téh. Nanging teu kedah
salempang, insyaalloh moal nanaon," pokna deui. Duloh jeung
batur-baturna rada teteg.
Teu kungsi lila nu disebut jelema pinter nu diangkir urang panginepan
geus datang, aki-aki cetuk huis, janggotna rambay. Ceuk katerangan
manéhna, di lelewek ieu pangpangna deukeut Guha Cinta mindeng kajadian
jelema leungit atawa kasarung teu pupuguh. Éta téh cenah ganguan arwah
nu marakayangan saurang mojang jeung jajaka nu tiwas tikunclung ka curug
tukangeun guha nu lungkawing.
"Sok aya sora nu ceurik melas-melis menta tulung," ceuk ki dukun. "Ku
kituna ulah wani-wani ngadeukeutan Guha Cinta bari boga niat teu uni,
sok cilaka!"
"Dupi réréncangan abdi, muhun pun Yanto sareng Yayah?" Duloh geus teu
sabar hayang geura meunang kacindekan kitu kieuna. Najan dina haténa
yakin Yanto jeung Yayah boa enya meunang musibat sakumaha katerangan ki
dukun.
Ki dukun kalah ngabigeu. Keur meleng sugan, teuing ku naon.
"Antosan dugi ka énjing, urang paluruh di Guha Cinta," pokna deui.
Geus kitu mah Duloh saparakanca nepungan atasanana bari nyaritakeun
katerangan jalma bisa téa. Sakur nu ngadéngé tingpuringkak, anging nu
panceg imanna.
Isukna enya baé saréréa paciweuh néangan nu ilang can mulang. Nu
dikulikbek lelewek nu disebut Guha Cinta nu ceuk urang dinya kaasup
tempat sanget. Loba nu arulin carilaka duméh ngalakukeun teu uni. Aya nu
labuh, aya nu kaleungitan barang berharga, tepi ka anu paraséa rongkah
jeung pasanganana.
"Ah rupi-rupi wé," ceuk ki dukun nu teu eureun-eureun kunyam-kunyem.
Teuing mapatkeun jangjawokan, teuing jampé. Nu sidik, saréréa gé boga
angkeuhan ku tarékah manéhna nu leungit téh mulang deui dina kaayaan
salamet. Ning buktina mah can tinekanan. Nu néangan Yanto jeung Yayah
geus ngasruk rungkun jeung ruyuk. Ngungkab nu bala-bala, nu turun
tuturubun ka walungan landeuheun Guha Cinta, jeung tempat-tempat
séjénna.
"Lain Loh, geus ditelepon atawa SMS?" saur Pa Direktur nibgkin hariwang.
"Atos Pa ti wengi gé."
"Hasilna?"
"HP Yanto teu aktif, HP Yayah aktif tapi teu aya waleran," témbal Duloh.
"Beu, kumaha atuh? Urang lapor wé ka nu wajib," saur Pa Diréktur.
"Muhun, saé kitu waé," Duloh nyaluyuan.
Satadina, saréréa boga angkeuhan kana tarékah ki dukun. Ning, taya hasilna, nya ditepikeun ka manéhna rék lapor ka nu wajib.
"Muhun énggal lapor baé supados dipiliarianana gampil ari ku ahlina mah," ki dukun sapuk.
Tepi ka tabuh sapuluh nu leungit can kapaluruh. Saréréa boga kacindekan
nu leungit diganggu dedemit Guha Cinta sakumaha ceuk katerangan ki
dukun da cenah lain sakali dua kali kajadian kitu téh. Najan kitu, tetep
kudu kapaluruh, sukur-sukur salamet. Atuh lamun nepi ka hanteuna kudu
kapanggih layonna. Ku kituna Pa Diréktur deui-deui ngeprak para karyawan
sangkan néangan nu leungit tepi ka aya hasilna. Sedengkeun Duloh sina
buru-buru lapor ka nu wajib keur ménta bantuan.
Sajungeun pisan Duloh miang, ana ronghéap aya nu datang bari cocorowokan.
"Héy, héy, ieu abdi mah!"
Nu datang téh tina sela-sela ruyuk jalan satapak. Ana bréh...Yayah
jeung Yanto diiringkeun bapa-bapa. Saréréa hareugeueun, ngabarigeu, siga
keur ngumpulkeun pangacian. Antara percaya jeung henteu. Nu geus
kapangaruhan béja ayana dedemit Guha Cinta pajar téh nu datang ririwa
Yanto jeung Yayah, heuy deuh. Nu panceg kana iman gasik ngedalkeun puji
sukur ka Gusti Alloh ku kedalna alhamdulillah nu leungit baralik
sorangan bari dina kaayaan salamet.
"Yanto, Yayah, tas ti marana atuh?" Pa Diréktur ngabagéakeun bari kebek ku kabungah.
"Hapunten ka sadayana tos ngarépotkeun," tembal Yanto. Yayah padangarangkul ku babaturan awéwéna.
Derekdek Yanto ngadongéng cenah kamari soré téh basa rék mulang tas
ulin jeung Yayah deukeut Guha Cinta ngadéngé aya nu ceurik. Panasaran
disampeurkeun sieun-sieun ogé. Ana bréh enya baé aya nu ceurik.
"Dedemit?" aya nu nanya.
"Lain, budak awéwé!" témbal Yanto. Sidik jelema, nya ditulungan. Horéng
éta budak téh korban perkosaan pamuda baragajul. Ngaku urang lembur
dinya, nya dijajapkeun tepi ka imahna. Rék mulang ku nu boga imah
diandeg.
"Hatur nuhun kana bantosanana," ceuk bapa-bapa nu nganteur Yanto jeung Yayah.
"Sami-sami Pa. Jaman kiwari mah kedah atos-atos ngajagi murangkalih
istri téh seueur dedemit bungkeuleukan nu langkung bahaya batan dedemit
Guha Cinta," saur Pa Diréktur. ***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar