Ti peuting mula bébérés téh, koper nu geus dipak téh dibongkar deui,
kitu deui tas tangan bawaeun ka kabin kabéh dibongkar, teu percaya kana
pagawéan sorangan. Atuh da sieun aya nu tinggaleun, mangkaning lalakon
jauh apan ayeuna indit téh. Enya ogé di ditu loba toko beulieun cenah
hayang naon sagala rupa ogé aya tapi apan kuring téh jelema
manyang-munyung urang kampung bau lisung nu teu nyaho nanaon da puguh
apan kakara ayeuna rék ngasaan tumpak kapal udara ogé. Ka toko téa
meureun kudu ngomong naha ku basa Inggris atawa ku basa Arab.Lebeng
duanana ogé teu timu boro-boro jalma jauh
ka bedug modél kieu bisa basa
modél kitu, jajauheun.

Koper téh geus sabaraha kali mah dibongkar pasang, baju nu geus asup
dikaluarkeun deui, geus di luar kapikir engké perlu, bus diasupkeun
deui, kitu jeung kitu baé nepika tungtungna mah pusing sorangan, cul baé
diantep.
Kuring téh diparengkeun rék jarah Mekah, geus lebaran ieu, iang téh.
Geus kitu baé geus waktuna meunang panggilan ti Nabi Ibrahim. Titis
tulis bagja awak geuning enya lain urang anu nangtukeun.
Anu rék jarah
téa satadina mah lain kuring tapi ema, indung kuring. Geus saged
sasadiaan jauh saméméhna. Duit keur mayar ONH geus dipisahkeun malah
geus disetorkeun ka Biro perjalanan haji jeung umroh nu aya di kota
kuring.
Nu matak hélok jeung teu kaharti ku akal mah ema téh geus nyieun surat
wasiat anu eusina nétélakeun bagian harta kakantun ema geus diatur keur
si itu si ieuna; sasatna ema téh geus buka waris da saurna "Ema mah geus
kolot bisi dipundut di ditu, mending ogé bérés babagi ayeuna Ema téh
teu hayang ngadéngé anak-anak ema paséa alatan parebut warisan. Pek sing
alakur sing silih pikanyaah.” Enya sagala geus dibagikeun sararé geus
boga hancengan masing-masing, da puguh banda teu sabaraha gampil
babagina ogé, jeung deui pangpangna mah dulur-dulur alakur sakabéh teu
aya nu baha kana bagian anu geus ditangtukeun ku ema.
Naha atuh tilu bulan méméh bulan puasa, ema téh bet ngantunkeun.
Ngabongohan pisan, sararéa asa diheulang, nya ari ema kagungan darah
tinggi mah, tapi da sapopoé téh kaciri jagjag, ka pangaosan biasa unggal
Kemis taya nu kalarung kitu deui mun aya piknik kaditu kadieu jeung
rombongan RT atawa rombongan séjénna ema sok ngiring da puguh teu aya
tanda-tanda nu repot teu aya totondén nanaon, éstu teu disangka pisan.
Bada solat subuh ditéang ku Ceu Atin nu héran tara-tara tisasari tos
carangcang tihang ema teu acan kaluat ti kamar. Ari diguyahkeun geuning
tos teu aya dikieuna.
Geus beres tujuhna, sadudulur kuring jeung kulawarga masing-masing
ngumpul ngariung, ajengan anu tadi ngaluluguan tahlil diandeg ulah waka
sina mulang, maksud téh rék ngabadamikeun wasiat ema téa. Tapi da henteu
lila saréréa ogé sapuk rék ngajalankeun wasiat ema, saréréa geus narima
bagian masing-masing, ngan ukur ngomongkeun teknis kumaha
ngurus-surat-suratna.
Aya saeutik anu jadi pananya ti sararea téh, apan ari raja kaya mah
tadi gé geus diajangkeun keur si itu si ieu na, ngan jatah ka Mekah anu
duitna geus dipihapékeun ka biro perjalanan haji jeung umrah henteu bisa
dicokot deui, tapi bisa diganti ku nu séjén, sanajan kudu aya tambahan
keur itu jeung ieu. Teu nanaon sakitu mah wajar. Masalahna saha anu rék
ngagantina, dulur nu tilu geus jaradi haji jeung hajjah, iwal kuring nu
acan téh. Sararéa nunjuk ka kuring, hayang kuring ogé ka Mekah téh, ngan
meureun ongkos ka Mekah hancengan ema lain kuring wungkul tapi kudu
dibagi keur dulur-dulur anu sarua boga hak. Dina babadamian diputuskeun
ka Mekah bagian kuring tapi bagian tina balong nu tonggoh kuring henteu
meunang bagian. Hadé kitu ogé, sararéa satuju. Kitu deui kang Maman,
salaki kuring anu iklas ditinggalkeun ku kuring ka Mekah. Ajaman mah
lamun kuring ka Mekah téh hayang bareng jeung manéhna da kumaha atuh ari
situasina saperti kitu, lain teu hayang? teu masalah lamun kuring boga
duit mah.
Dina emprona indit, kulawarga ngan nganteurkeun nepika kuring merenah
diuk dina beus nu rék mawa kuring ka Pondok Gede anu saterusna dibawa
deui ka Halim, ti dinya biur ngapung ngawang-ngawang. Labaik Allohuma
Labaik.
Saméméh iang ka Halim rombongan téh direureuhkeun heula di asrama haji
lantaran kapal anu rék mawa kuring kakara jam 8 peuting ngapungna.
Batur sabangku dina beus téh tatanga kénéh, Ibu Mari nu angkatna téh
sakulawarga sareng carogéna, sareng ibuna, Ibu Marfuah, katut putrana
duaan, néng Nina sareng Cép Dodi. Ari ibu Marfuah téh sobat dalit ema
boh di lembur boh di pangaosan yuswana ogé henteu géséh nu matak nyobat,
kaditu kadieu sasarengan baé. Basa ema pupus anjeuna midangdam bangun
anu kanyenyerian pisan da puguh kaleungitan sobat anu sapantar sami-sami
sepuh.
"Naha atuh Ma Enar téh bet miheulaan, apan ibu anu gering ripuh téh
jaba geus sakieu rarempona kieu," saurna. Saleresna anjeuna téh kagungan
panyawat gula jeung darah tinggi tos repot da kamana-mana téh tara
kantun ti teteken. Ayeuna ogé mekel korsi roda kanggo engké diditu nu
mawi Cep Doni dicandak ogé, badé ngabantu-bantu nyurung.
Mindeng kabandungan mun sakalieun ema sasauran yén ibu Marfuah téh
sering curhat perkawis kalakuan putu-putuna anu kirang sapagodos sareng
kahoyong manahna. Tapi ku ema ukur dimuhunkeun baé da nya saleresna
sanajan nyobat ari urusan rumah tanggana mah teu saé milu ilubiung.
Kuring ogé api lain ngeunaan urusan éta mah ngan ukur nyaho sadirieun
baé, tapi barang ningali salila di perjalanan bet asa kapikiran boa enya
kasauran ema téh. Basa di jalan Ibu Marfuah téh sasauran hoyong lirén
heula di pom bengsin hoyong ka jamban heula. Naha atuh lain digugu boh
ku putrana atawa ku incu-incuna kalahkah gegelendeng, tarik deuih
nyariosna téh da ku sararéa ogé kadangu.
"Ari Amih atuh sanés titadi méméh angkat!" Kasauran ibu Mari téh tangtu
baé kakupingeun ku pangaping nu terus noél supir. Teu lila beus téh reg
eureun di rest area.
"Mangga bilih aya nu badé ka jamban, palih ditu pengkereun réstoran
Padang" ceuk pangaping. Jrut nu tarurun téh lain baé ibu Marfuah tapi
ampir kabéh nu aya dina beus.
"Enggal atuh Ni, hararésé naker badé tarurun téh Nina gé hoyong ka
cai,” ceuk Neng Nina pokna teu euleum-euleum, sakitu ningali ninina
usah-oséh rék turun tina beus téh.
Ari kitu mah teu géséh-géséh teuing cariosan anjeuna ka ema téh. Da
kuring ogé ngarasa kalakuan Cép Doni téh henteu merenah. Kitu deui Basa
datang ka Pondok Gede dina waktuna tuang, paboro-boro bangun nu sieun
béakeun kaasup Néng Nina jeung Cép Doni teu inget ka nini nu masih kénéh
di tukang.
Ningali kitu kuring bet merebey cimata teu pupuguh, ceurik kanyenyerian
teu bisa ditahan nepi ka basa batur solat magrib berjamaah kuring mah
nyuuh dina bantal di juru. Kuring téh rumasa dosa da kalakuan kuring ka
ema ogé henteu leuwih alus batan kalakuan Cep Doni ka ibu Marfuah.
Kuring téh budak bungsu nu dirungrum kaasih indung jeung dulur-dulur nu
matak ogoan jeung goréng adat. Rumasa kuring téh rumasa, komo sanggeus
kuring kawin jeung Kang Maman, kuring pupulih rék pindah nuturkeun
salaki ku ema diceungceurikan. Majarkeun téh lamun kuring pindah ema
jeung saha naha tega ninggalkeun ema di dieu sorangan? Bisi gering panas
tiris moal aya nu ngurus, kituna téh bari terus carinakdak. Dulur-dulur
ogé ngarojong kana pamendak ema téh da sanajan sakota ogé moal bisa
nalingakeun ema terus- terusan, da puguh baroga tanggungjawab
masing-masing.
Nurut kuring téh nurutna mah henteu tulus nuturkeun Kang Maman komo
deui basa nyaho Kang Maman ogé soléh hirup sorangan di Jakarta kajeun
teuing balik unggal minggu, kakaretaapian unggal Jumaah soré balik deui
Senen subuh. Sanajan kitu haté kuring angger ngageremet asa dipegat
duriat, asa diteungteuinganan ku ema. Nu matak adat téh beuki undak teu
kaop kasigeung gampil pisan marudah, kitu téh teu ka dulur teu ka ema
sarua. Tungtungna kuring pada ngama'lum ku sararéa. Da basa jatah ka
Mekah dibikeun ka kuring gé, mémang geus meunang badami saréréa sugan
baé geus ka Mekah mah adatna bisa robah.
Jadi kalakuan Cep Doni téh gambaran kalakuan kuring pisan ceples henteu
dipiceun sasieur. Ayeuna kuring kakara sadar geuning kalakuan kitu téh
kacida goréngna, kacida gedé dosa kuring ka indung nu sakitu mikanyaahna
nu salawasna ngéléhan dapon kuring senang. Karasa lamun kuring keur
murang-maring ema mah sok terus angkat, paribasa mah dek mikeun cau ka
si Tetéh atawa papadon rék ka tukang ngaput atawa naon baé nu jadi
alesan. Padahal ceuk si Tetéh mah Ema téh ngahaja ngajauhan nu keur
ambek supaya ulah kateterusan, karunya budak téh bisi doraka lamun
nepika ngunghak ka indung.
Solat magrib téh kuring sorangan, batur balakécrakan di ruang makan
kuring mah numpi di kamar. Boro-boro hayang dahar, disarusulan ogé ukur
nganuhunkeun baé. Kuring neneda ka Gusti nyuhunkeun dihapunten kana
kalakuan kuring anu sakitu cawadeunana. Duh Gusti naha kinten-kintenna
dosa abdi téh tiasa dipupus? Ampun Gusti, ampun ema, hapunten abdi.
Kuring henteu yakin naha dosa kuring téh bisa dipupus gancang-gancang
atawa henteu, tapi ti harita unggal solat kuring teu weléh sujud neneda
ka Yang Manon sangkan sagala dosa kuring utamana dosa ka ema anu sakitu
gedéna geura dihapunten. Teu weléh kuring neneda sangkan ema,ditampi
iman islamna ditampi amal ibadatna sareng dihapunten sagala
kalepatanana. Kitu téh unggal waktu bari teu petot cimata murubut teu
ngingetkeun kana kaséhatan sorangan kadang kala nepika poho dahar poho
nginum padahal perjalanan anu sakitu beuratna. Aya nu ngupah ngapeh ogé
boh ku sasama jamaah atawa ku pangaping kuring henteu betus ngan ukur
nyebut teu naon-naon atawa ukur nyebut salésma. Tapi kakuatan awak
geuning aya watesna beuki lila boh lahir boh batin beuki karasa lemah,
tungtungna brek gering parias nyongkab bari jeung sasar.
Lantaran kaséhatan kuring beuki lila beuki goréng, di Mekah kuring
dibawa ka rumah sakit meunang dua poé. Salila ngendong di rumah sakit
téh panas henteu turun-turun, késang ngoprot bari jeung guling gasahan,
unggai rék saré kabayang baé pameunteu ema asa aya dina kongkolak panon.
Basa rék dirangkul les deui kalangkang ema téh ngiles. Kitu jeung kitu
baé kuring ngudag-ngudag ema bari haharegungan, gogorowokan ema hapunten
ema hapunten, tepika reupna peureum. Dina itungan duka sabaraha lilana
kuring ngalenyap rarasaan téh ema nyampeurkeun bari imut ngagelenyu
terus ngusapan siran, aya rasa tengtrem anu kacida nikmatna, nyerep
nyecep kana ati sanubari.
Barang nyah beunta ibu Marfuah karasa keur ngusapan sirah kuring bari
diriung ku ibu-ibu nu séjénna. Rék cengkat diharalangan majarkeun téh
tong wara hudang baé cenah tangtuna ogé lalungsé kénéh urut dua poé
sasar teu eureun-eureun.
Ti harita awak neutneutan ka cageur, ibadah sanajan kudu nyéwa korsi
roda teu burung kalaksanakeun. Pauntuy-untuy jeung ibu Marfuah boh sa'i
boh tawaf kana korsi roda nu ngahaja anjeunna ogé husus nyéwa nu
ngadorongna da apan korsina mah anjeuna mawa ti lembur, cacap nepi ka
beresna rukun haji.
Ari nu matak hélok kamana-mana téh kuring asa dibaturan ku ema da rét
ka gigireun ningali téh asa ningali ema, jalmi eta téh pangambungna
persis pangambung ema, kitu deui rét ka kénca ieu mah socana nu siga ema
téh, ningali ka hareup ieu mah langgeorna nu siga ema téh. Kitu jeung
kitu baé salawasna ema aya di gigireun, di hareupeun, di kenca, di
katuhu, dimana- mana. Saestuna ema aya dina haté kuring.***
Sumber ti : http://mangle-online.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar