
Nénjo tivi mani ijid. Nénjo parabot “gim”, jeung sabangsana, éstu matak
murel. Mun kongang hayang ngababét-babétkeun kabéh. Pita kasét, CD,
DVD, teu hayang nyetél teu sing. Laguna éta-éta keneh. Lamun lain “Iwak
Peyek” Trio Macan, aya deuih sababaraha lagu pop Barat.
Lagu kasidah
Arab, jeung réa-réa deui, nu teu matak nyugemakeun.
Aya Toni ngajak futsal. Horéam. Kawas sedekan budak. Keur leutik
onaman, saacan sakola, resep sedekan téh. Di buruan atawa di tegalan.
Ayeuna kabéh geus euweuh. Geus robah jadi adegan rupa-rupa wangunan.
Kaasup gedong futsal nu welasan taun ka tukang, pakebonan.
Ngan basa aya Boy ngajakan ulin ka imah akina di Ciberelang mah, aya
jorojoy hayang. Sok resep ngadéngé dongéngnga. Lalakon keur ngora.
Ngambah ka saban nagara saalam dunya.
“Heueuh, bosen nyetél tivi, vidéo, kasét, bari nyirekem di imah ngumbar
lamunan teu puguh, mending ngabandungan obrolan akina Si Boy,” Déndin,
cengkat tina sofa. Nguliat jeung heuay. Terus ngagorowok, “Siap Boy!”
“Maké gowés?” Boy nanya.
“Heueuh! Maké naon atuh?” Déndin mukakeun panto tukang. Nyokot sepédah gunung kameumeutna.
“Bisi rék kana motor, sepédah urang rék ditunda di dieu.”
“Lah mending ngagowés…..!”
Geus ngagero ka pembantu nu keur ngistrika, bébéja rék indit, clak
Déndin kana sadel. Langsung ngaboséh. Nyebrut. Dituturkeun ku Boy.
Ngadius ka Ciberelang.
Rada caang pipikiran téh Teu mumet teuing cara tadi. Kitu lain kieu
lain. Gap kana buku, beuki kaluman. Teu tuman maca. Éléh ku kabiasaan
nénjo jeung ngadéngékeun.
“Aya dongéng anyar ti aki kamu, Boy?” Déndin satengah ngagorowok.
“Dongéng aki uing mah, moal béak-béak. Pasti aptudet waé, euy!” Boy némbalan satengahing hégak napas ngagoél dina tanjakan.
Teu kungsi sajam, geus cunduk ka nu dijugjug. Nyampak akina Boy keur maca di buruan tukang.
“Aki urang mah réa kénéh maca ti batan lalajo tivi atawa ngadéngékeun
musik,” Boy némbongkeun kareueus, “Teu kawas urang, heueuh?”
Geus ngucapkeun salam, Déndin jeung Boy, sasalaman rengkuh pisan.
“Aéh, sisinarieun yeuh, para calon mahasiswa rurumpaheun….” akina Boy ngaku daréhdéh pisan.
“Pidu’ana wé, Ki, sing lulus UN, lulus SMPTN sareng aya biyana,” cék
Boy. Gék dina korsi rada butut hareupeun akina. Déndin gigireunana.
Korsi sofa nu jokna geus lanyéd. Dipernahkeun di émpér buruan tukang nu
iuh ku tatangkalan.
“Bisi halabhab, ké nitah Mang Adun ngala duwegan…. itu tuh duwegan
beureum, amis kareueut caina,” akina Boy nuduhkeun ka lebah tangkal
kalapa nu leubeut.
“Wios Ki, engké deui,” cék Boy, ”Dongéng heula wé ayeuna mah, dongéng
nu kawas kapungkur basa abdi sareng Déndin ka dieu ngawitan…..”
“Heug sugan aringet kénéh. Urang jojoan wé nya,” akina Boy nunda buku
nu keur dibacana. Buku kandel leutik. Geus kucel belewuk. Basa Inggris.
Kabaca ku Dendin, judulna “Leaves of Grass”. Kumpulan puisi klasik
panyajak Amerika abad XIX, Walt Withman.
“Uyuhan…” haté Dendin ngagerentes, ”keur aing mah, bororaah maca buku
kitu, maca buku roman nu diwajibkeun ku sakola gé, haroréam pisan.”
“Kumaha mun ngadongéngkeun lalakon aki di Éropa Kulon?” akina Boy
nanya, “Harita aki jadi gaid para wisatawan Indonesia ka Paris, terus ka
Brussel, jeung Amsterdam. Kitu lah lima welasan taunam ka tukang.”
“Mangga,” témbal Dendin jeung Boy mani bareng.
“Kieu geura,” akina Boy dédéhem, ”Harita aki dipercaya ku hiji biro
perjalanan. Kudu jajap saratus wisatawan tur ka Éropa Kulon. Mimiti ka
Paris, tilu poé dua peuting. Teu seubeuh saenyana mah, sakeudeung
teuing. Tapi lumayan réa nu kadongdon. Ngahudang kesan positif tina
rupa-rupa nu katingal di dinya. Saeutikna, muji ka urang Prancis, urang
Éropa umumna, nu ngahargaan pisan kana sajarah, jeung lingkungan.
Monumén-monumén sajarah, mangrupa wawangunan kuno, dipiara enya-enya.
Dipaké parabot ngadidik generasi ngora sangkan ngarasa reueus ka
nagarana. Yén Prancis kungsi jadi nagara “super power” nu ngawasa
sabagian dunya. Di benua Amerika, apan Amerika Serikat jeung Kanada,
baheulana bawahan Prancis. Nepi ka kiwari, basa jeung budaya Prancis
masih kénéh diparaké di sawatara nagara bagian AS jeung Kanada. Kitu
deui di Afrika jeung Asia Tenggara. Aljazair karék lesot tina
ranggeuman penjajahan Prancis taun 1963. Nepi ka ayeuna, basa Prancis
jadi basa resmi kadua di Aljazair, sabada basa Arab. Di Asia Tenggara,
nagara-nagara Laos, Kamboja, Vietnam, urut jajahan Prancis nepi ka taun
1950.”
“Éh ké heula, pikaresepeun henteu?” akina Boy eureun heula. Nanya bari
ngagupayan MangAdun nu nolol tina lawang pager. ”Ké atuh ambeh resep,
urang diselang ku nginum duwegan. Ngala duwegan, Dun, sacukupna. Tuh nu
beureum…”
“Mangga,” Mang Adun rengkuh. Ngagilirkeun bedog nu disorénna. Gidig
muru tangkal kalapa beureum di juru buruan nu ngawates ka sawah.
“Tah….” akina Boy nuluykeun, ”Rada lila para wisatawan mapay-mapay Taman Tuiléres jeung Place dé la Concorde, nu dianggap jajantung kota Paris. Dina taun 1793, mangsa hangkeut Revolusi Prancis, di dinya diadegkeun tihang guillotine keur ngahukum para ménak borjuis Prancis. Kaasup Raja Louis XVI jeung prameswarina, Maria Antoniette. Place dé la Concorde, nyanghareup ka Avenué dés Champs-Elysees. Di tungtungna ngajegir Champs Elysees karaton urut para raja Prancis, nu ayeuna jadi padumukan presiden Prancis. Sapanjang avenué
ngagemblang. Teu meunang aya wawangunan anyar nu ngahalangan
pamandangan ti karaton ka sapaparat jalan. Mun di Bandung mah, Gedong
Pakuan, nu ayeuna katimpah ku wangunan hotél téa geuning…. hotél
nanahaon da mindeng ganti ngaran. Keur diributkeun mah baréto hotél
Planét mun teu salah mah. Duka ayeuna geus teu diributkeu naon
ngarananna……
Taman Tuileriés nu kajojo, Place dé la Concorde,
endah pisan, nyanding lapangan lega. Mun di urang mah matak uruy tukang
culamétan. Bisa-bisa dijual ka para cukong. Diburak-barik dijieun mol.
Kawas panjara Banceuy, geuning, tempat Bung Karno dibui. Der dibongkar
dijieun pertokoan. Hanas monumén sejarah musna, hanas pertokoan sepi
combrék.”
Jol Mang Adun mawa duwegan meunang mapas.
“Sok leguk heula geura………” akina Boy ngahempékkeun.
Dendin jeung Boy teu talangké. Cai duwegan ditotor tina liangna. Seger, tiis, tapi amis.
“Tarok sakalian, Dun, sina dikerok eusina. Ka ditu séndokna nyokot ka
dapur……Béak acara di Paris, isuk-isuk tas sasarap di hotél, dius ngalér.
Ka Brussel, puseur dayeuh Belgia. Sapaparat jalan loba téténjoan nu
matak ngahudang kelar. Komo geus di luar kota mah. Padésaan resik asri.
Béh dituna ngalamuk pileuweungan héjo ngémploh. Najan kaceluk kota
metropolitan pangmashurna sadunya, pinuh ku nuansa kahirupan sarwa
moderen, kota Paris ngahargaan pisan kana ayana ‘leuweung kota’. Dua bois, nyéta leuweung, ngapit kota Paris ti kulon jeung kidul wétan. ‘Bois de Boulogne’ nu katelah ‘Bois St.Cloud’ di kulon, jeung ‘Bois de Vicénnnes’
di kulon wétan. Cek urang Paris, éta dua leuweung téh mangrupa kaagul
pikeun urang Paris. Leuwih dipikaagul batan Munara Éifel. Sabab, ku
ayana dua leuweung, urang Paris boga andelan sumber cai alami nu cukup.
Unggal minggu, jalma sakota Paris ngabring piknik ka éta leuweung.
Pangpangna ka ‘Bois St.Cloud’, pikeun nyeuseup hawa seger, jeung ngararasakeun kahirupan ‘a la campagne’. Hirup gaya padesaan abad 19.”
“Asalna mah ‘Bois St.Cloud’ téh milik pribadi Kaisar Napoleon III. Taun
1852 disumbangkeun ka pamaréntah kota Paris sangkan dipiara. Ku
pamaréntah kota, gancang dipakihikeun. Ditata dumasar kana rarancang
arsiték Jerman, Baron Haussman. Jadi wé leuweung nu bener-bener boga
pancén minangka wewengkon panyerepan cai, jeung pamapaés kota Paris.
Wangun jeung pernahna, teu béda ti Punclut di kota Bandung. Ngan ari
Punclut ngan riweuh jeung riweuh baé geuning. Bororaah ka jadi leuweung.
Malah jadi rebutan nu hayang kitu nu hayang kieu, bari terus dibukbak
diburak-barik. Kawasna para angota legislatif jeung ekseklutif urang nu
arindit studi banding ka Paris, tara pirajeunan lunta ka éta dua “bois”
tadi. Nalungtik kumaha carana ngurus pasir di pakotaan sangkan
enya-enya mangpaat keur umum. Proyék jangka panjang lain keur
kapentingan pribadi nu sipatna ‘jang ka imah’. Mun nyonto Paris, Bandung
mah luyu pisan. Pan ti baheula geus katelah ‘Paris van Java’. Jajauheun
nyumbang tanah pileuweungeun cara Napoleon III. Atuh tanah nu geus aya
samodél Punclut dileuweungkeun sing enya-enya.”
“Teu karasa harita, panon aki baseuh. Citangis ngeclak di Paris, ras ka
Bandung, lembur matuh banjar karang pamidangan, nu pinuh runtah jeung
patalimarga macét. Usum hujan banjir cileuncang, usum halodo kagaringan
…..”
Torojol Mang Adun, mawa duwegan meunang meulah.
“Tah geuning, geus dibeulahan. Séndokna aya…..sok kadieukeun….”
“Aya….” Mang Adun ngasongkeun duwegan meunang meulah jeung séndokna
sakalian. Ditampanan ku Boy jeung Déndin, tapi teu tuluy dikerok. Hayang
geura terus ngabandungan lalakon nu keur dicaritakeun.
“Lima jam di perjalanan. Datang ka Brussel, pukul satu beurang. Langsung ngajugjug ka kompleks masjid al Birru,
salah sahiji puseur komunitas Muslim pangbadagna di Bélgia. Salat di
dinya, jama qosor lohor jeung asar. Réngsé salat, silaturahim ka para
jamaah jeung takmir masjid nu kabeneran araya kénéh. Malah kaburu mapay
ka kelas-kelas barudak TK al Quran. Lucu ngabandungan barudak diajar
maca Fatihah. Komunitas Muslim di “al Birru” campur. Aya urang Éropa
asli, aya urang Asia ti Turki, Afghanistan, Suriah, aya urang Afrika ti
Maroko, Aljazair, Tunisia, jeung sajabana. Kaitung ma’mur oge masjid
téh. Bubuhan jadi puseur komunitas Muslim Belgia nu bacacar di saban
tempat. Ti masjid, ngajugjug alun-alun Grand Place nu dikuriling ku wangunan-wangunan kuno buatan abad 15-an. Saperti Boodhuis. Hartina ‘Imah Roti’, nu oge katelah Maison du Roi atawa ‘Imah Raja’. Sabab dina abad 16 kungsi dipaké pasar roti ku Kaisar Romawi Charles V. Aya deui Maison dés Ducs de Brabant jeung La Balance. Kabéh masih keneh asli, sanajan ayeuna dipake restoran jeung toko. Alun-alun Grand Place dianggap alun-alun pangberesihna jeung pangrapihna di sakuliah Eropa…..”
“Étah duwegan…geur sok kerok. Ngeunah geura nyapék kalapa ngora bari ngabandungan dongéng….”
Déndin jeung Boy sareuri. Cugceg kana séndok jeung duwegan nu geus meunang meulah Mang Adun.
“Bari mapay-mapay toko coklat nu kasohor – padahal bahan bakuna, buah
coklat, dipelak di Rajamandala, Kab. Bandung – nyaksian jalma pasuliwer
di alun-alun. Aya kumpulan barudak ngora, ngamén ku cara maca sajak.
Topina nu dipaké nampa pangalungan, geus pinuh ku duit lambaran. Tétéla
di batur mah, maca sajak ogé bisa ngadatangkeun duit. Di urang mah
apan, nu ngamén make hitar ogé, beubeunanganana ukur kencring hiji dua.
Tara nepi ka pinuh wadah nu diasong-asong.”
“Di sisi alun-alun, paragpag kios buku urut. Réa buku-buku karandel
dina basa Prancis, Inggris, Walanda, Jerman, jeung rupa-rupa deui. Nu
datang ka dinya, kawilang réa. Aya nu meuli, aya nu saukur mukaan jeung
maca saluwat-saliwat. Aya ogé nu rek tukeur. Kitu geuning di batur mah,
buku gé bisa ditukeurkeun. Buku urut kana buku weuteuh, atawa buku urut
kana buku urut deui. Aya nu pagulingan, mun hargana sarua. Aya nu tukeur
tambah, boh ti nu ngajak tukeur. Boh ti nu ditukeuran. Hiji perkara
lain samanéa. Sabab kudu papada apal kana ajén-inajén katut penting teu
pentingna eusi buku. Mun teu kitu, lapur, harga buku digebud sangeunahna
nu rék meuli atawa nu rék ngajual. Di urang mah tacan kabéjakeun aya
tempat panukeuran buku. Karék mobil, motor, atawa barang éléktronik nu
payu tukeur tambah teh. Buku mah…..lapur !”
Déndi jeung Boy rada patingkelemes. Asa kasindiran. Rumasa. Bororaah
apal kana ajén inajén jeung eusi buku. Kana judul jeung nu ngarangna gé
duka teuing. Maca tara pangangguran. Beda jeung lalajo TV, CD, DVD.
Ngadéngékeun music tina MP3 atawa iPad. Éta mah lir kawajiban tur géngsi
barudak rumaja.
“Tapi keun waé, da salah urang kénéh. Saméméh bangsa Indonesia resep
maca, malah réa kénéh nu buta hurup, industri parabot audio-visual
nerekab mantén. Jadi wé budaya maca éléh ku budaya ténjo jeung déngé.
Asa murah kénéh meuli CD,DVD jeung sabangsana ti batan meuli buku. Aéh
naha bet léok ka nu kitu? Nepi ka mana dongéng aki tadi?”
“Di alun-alun Brussel,” Boy némbalan satengah ngosom. Kagok keur nyapek duwegan.
“Aéh enya,” akina Boy ngadéhém, ”Pasosoré ti Brussel ngajugjug
Amsterdam. Jalan datar, ngaliwatan jambatan-jambatan luhureun walungan
jeung kanal. Dua walungan badag, Scheldt jeung Meuse, beresih kawas
Séine di Paris. Kitu deui, kanal-kanal aya ratusna, bareresih deuih. Teu
kakotoran limbah saeutik-eutik acan. Boh limbah rumah tangga, boh
limbah pabrik. Kabersihan mémang jadi prinsip hirup urang Éropa. Kaasup
di kota-kota palabuan nu biasana kotor lodro. Cara di Volendam, kota
palabuan Laut Kalér Walanda. Rarasaan téh lain tempat pamayang
ngabangkat lauk. Taya hanyir, taya ucrat-acrét sisit atawa getih. Komo
runtah mah. Manuk laut, bangsa camar, pabaliut. Kitu deui waliwis jeung
pelikan. Ngeunah wé tingkayapak malingan lauk sabot nu tungguna bongoh.
Ukur digebahkeun, teu dikukumaha. Teu diténggor, teu diketepél.
Jajauheun ka dibedil cara di urang….”
“Bari ngadahar goréng cumi-cumi meunang meuli ti tukang dagang lauk
dina roda dorong, teu jauh ti wangunan pasar lauk, ngabayangkeun kaayaan
palabuan di urang. Apan sakitu rarujitna. Terus tukang lauk dina roda
dorong téh, maké pinter sababaraha basa. Geus puguh basa Walanda jeung
Inggris. Basa Jepang jeung Indonésia ge bisaeun….”
“Mapag jaman pasar bébas,” jawab manéhna waktu ku aki ditanya, ngeunaan
kabisana dina widang rupa-rupa basa. “Hiji waktu, mun kuring butuh
dagang di Indonesia, di Jepang atawa di mana waé, geus moal hésé deui
semet nawar-nawarkeun dagangan mah.
“Geura ituh, bangsa deungeun mah geus sayaga kitu. Siap ancrub kana
tarung pasar bébas, nu geus ngarungkadkeun wates-wates nagara. Istilah
‘no border térritory’ téh enyaan diayonan .Nepi ka pantar tukang
goréngan cumi-cumi dina roda dorong, sakitu teuneungna nyanghareupan
parobahan global. Jauh jeung urang nu karék semet ngaributkeun hal-hal
céték…..”
Boy jeung Dendin, rada melenguk. Ras ka diri maranéhna. Tamat SMA, bari
teuing lulus teuing moal ujian nasional, bororaah ngawasa dua tilu
basa. Basa sahiji ogé nu geus kapimilik ti barang lahir, basa Sunda,
teuing bisa kénéh teuing henteu.
“Right or wrong is my contry, cek urang Inggris,” akina Boy
nuluykeun carita. “Hadé goréng nagara sorangan. Tapi dalah dikumaha.
Sabot ngalanglang Eropa Kulon, bet nyeri haté mun inget ka nagara
sorangan. Jauh kaayaanana upama dibanding-banding jeung nagara deungeun.
Pangpangna Éropa nu modéren, tapi bisa ngamangpaatkeun kamodérenana
keur ngajaga ajén-inajén kahirupan nu sarwa bersih, rapih, apik. Kaasup
di tempat-tempat nu sakuduna kotor jeung amburadul. Atawa nagara urang
mah masih kénéh kuno kitu? Tacan ngambeu modérnisasi nu merenah, jeung
tacan bisa ngamangpaatkeun kamodérenana kalawan hadé?” akina Boy kawas
nanya ka dirina sorangan.
Déndi jeug Boy bororaah bisa ngajawab. Ngeluk wé. Ramona mocélan daging
duwegan pasésaan ngerok ku sendok. Ngarasa rumasa téa. Sakola ukur
gidig. Lain niat hayang boga élmu enya-enya. Nu matak dina nyanghareupan
ujian nasional, ngarasa sebér. Maké kudu ngayakeun tarékah saluareun
kagiatan diajar formal. Kayaning du’a husus, istigoshah, jeung rupa-rupa
deui sangkan meunang kalancaran jeung kalulusan. Turta geus lulus, kudu
siap-siap deui tarung marebutkeun korsi di paguron luhur kalawan milu
tésting jeung sasayagian waragad nu lain seutik.
“Aki urang mah, sakolana gé ukur satingkat SMP,” Boy kungsi ngaharéwos
baréto basa nganjang mimiti. “Tapi pinter jeung motékar. Cenah, alatan
getol maca.”
Anggur pertanyaan akina Boy tadi – naha urang tacan ngambeu modérnisasi
nu merenah jeung teu bisa ngamangpaatkeun kamodérenan kalawan hadé –
bet asa tujul ka diri Déndin. Boa ka diri Boy gé sarua.
Tapi teu bisa nanaon. Bororaah ngajawab atawa méré komentar. Déndin
jeung Boy jongjon ngutek-ngutek ramo kana sésa daging duwegan anu
ramiping, sabot akina Boy reureuh ngadongéng, terus nyarita:
“Sakitu heula, nya dongéng aki ayeuna. Insya Alloh ke aya deui dongéng
séjénna…bisi rék dalahar, ka dapur wé. Aya nini jeung Si Bibi di ditu.
Capé jeung lapar,nya, tas ngaboséh sapédah ti lebak, Jung ka ditu ka
dapur……..” ***
Sumber ti : http://mangle-online.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar