Hiji mangsa Kangjeng Raja sareng salah saurang mentri calik di
patamanan. Duanana ngobrol ngalér ngidul bari nuang ranginang nu
cocolkeun kana madu. Mentri téh nu maturan téa kasohor pinter ngabojég.
Saucap-saucapna téh teu weléh pikalucueun. Harita ogé Kangjeng Raja
banget ku kagugu, gumujeng teu eureun-eureun. Kangjeng raja dugika
cirambay nguping dongeng bobojegan mentri.
Banget ku suka Kangjeng Raja gumujeng, dugika teu ngahaja panangan
anjeunna ngabadug mangkok nu dieusian madu. Blok bahé. Mentri reuwas
tuluy ngaluarkeun selampe tina sakuna bajuna niat rék ngelap madu nu
ngabayabah luhureun méja. Tapi dicarék ku Kangjeng raja . “Ha… ha…
Antepkeun wae, Mantri! Engke kula nitah tukang ngepel. Pok… pok… ayeuna
mah angguran teruskeun deui dongéngna!”
Mentri teu baha, tuluy neruskeun deui hanca dongéngna.
Ngadongéng dibarung pepeta pikalucueun. Kangjeng Raja ngagakgak suka
ati. Lat waé poho kana madu nu bahé mah.
Demi madu nu bahé téa, lila kalilaan mah ngaley tuluy nyakclak kana
kolong méja. Teu kungsi lila ti harita, geleber aya nyiruan hiber. Sup
kana kolong méja muru madu nu nyakclak. Paripolah nyiruan ti mimiti
hiber nepika eunteup, diserangkeun ku sakadang kadal nu nyumput dina
liang deukeut babalongan. Sanggeus nyiruan eunteup dina madu karayap waé
kadal téh ngarayap ngadeukeutan nu keur anteng nyeuseup madu. Sanggeus
deukeut sakadang kadal téh ngelélkeun létahna, ngan sakilat nyiruan téh
jadi pangeusi beuteung kadal.
Sanggeus ngadahar nyiruan, kadal muru liangna deui. Tapi teu kebat
sabab aya sakadang ucing nu titatadi kénéh ngintip. Nempo kadal rék asup
kana liang, sakilat ucing luncat rék ngerekeb kadal. Tapi kadal leuwih
gesit, lumpat ka luar taman. Bulucat-balicet disela-sela pot kembang.
Ucing tuluy ngungudag. Pot kembang patingjarungkel karumpak ku ucing.
Sora pot kembang nu patingjarungkel, ngabaribinan sakadang anjing nu
keur saré di pakarangan hiji imah. Nyah anjing téh beunta, tuluy merong
ucing nu keur ngudag-ngudag kadal. Sakilat sakadang anjing téh ngudag
ucing. Kerewek, gewewek ngégél ucing palebah pundukna.
Ngadéngé nu gandéng di luar torojol ti jero imah, awéwé nu boga ucing.
Nempo ucing inguanana digégél anjing, teu kira-kira ambekkeunana. Gep
kana iteuk nu kabeneran nanggeuh deukeut lawang. Serebet muru anjing nu
keur ngagugunyeng ucing inguanana. Teu tatapasini, habek-habek wae
neunggeulan anjing. Awahing ku reuwas jeung nyeri anjing téh guguikan
tarik pisan.
Nu boga anjing, sarua papada awéwé, norojol. Rey waé ngambek nénjo
anjing inguanana aya nu ngagebugan. Sirilik muru.
Geus deukeut teu
papasini awéwé nu keur ngagebugan anjing téh buukna dijenggut nepika
sirahna ngadaheuak.
“Cucungah siaaaah… maké jeung nyiksa anjing aing! Lamun wani mah gelut jeung aing siaaah…!”
Awéwé nu boga ucing teu éléh heuras. Gantawang waé nyarékan ka nu boga anjing.
“Bongan siah, anjing sia ngégél ucing aing!”
“Alah, ulah loba omong! Jempé siah!”
“Sia nu jempé mah!”
“Sia!”
“Siaaa…”
Der gelut papuket. Silih jenggut silih cakar. Torojol salaki nu boga
anjing. Der milu ngaraponan nu awéwé boga nu boga ucing. Ngadéngé aya nu
ribut di luar, salaki nu boga ucing datang. Puguh waé nénjo
pamajikanana keur diraponan téh napsu lain dikieuna. Serebet lumpat rék
mantuan pamajikanana.
Ari anak nu boga anjing jeung anak nu boga ucing, nempo indung bapana
garelut, ngeleper reuwas lain dikieuna. Tuluy lalumpat, rék bébéja ua
jeung ka mamang-mamangna.
Teu kungsi lila ua jeung mamang-mamangna patingtorojol. Der waé milu
gelut mantuan dulurna. Antukna mah ti unggal imah pating torojol, milu
campuh. Dulur-dulur jauh di dua pihakanana, nu misah lembur, daratang da
ngadéngé béja téa.
Béja yén loba nu garelut di jalan téh antukna mah nepi ka Kangjeng Raja
nu masih kénéh ngobrol jeung mentrina di patamanan. Raja maréntahkeun
gulang-gulang sangkan misah nu garelut. Maréntahna téh bari jeung teu
cengkat-cengkat acan tina diukna. Der deui waé ngobrol jeung mentrina.
Séak waé gulang-gulang téh muru ka jalan, niat rék misah nu garelut.
Sabab rurusuhan teuing, teu kahaja pedang nu keur dicekelan ku
gulang-gulang téh ngagabres kana tonggong salah saurang jelema nu keur
nangtung sisi jalan.
Atuh puguh waé jelema némpo éta kajadian téh keuheul lain dikieuna. Der
waé gulang-gulang téh pada ngaraponan. Gulang-gulang nu séjén sebér.
Deregdeg lumpat ka jero istana. Teu lila balik deui dibarengan ku
abrulan tentara karajaan.
Tentara satékah polah misah nu garelut jeung ngabubarkeun jelema-jelama
patinglaliud di jalan. Tibatan nurut mah kalah beuki maceuh nu garelut
téh. Tentara kapancing émosina. Tungtungna mah tentara téh ngamuk
nguwak-ngawik ka sakur nu aya. Teu saeutik jelema patingjarungkel
kasabet pedang tentara.
Nempo korban patingjarungkel, rahayat teu tarima. Keur mah eukeur ti
méméhna rahayat téh gegeremet ka tentara nu kaceluk kejem. Ari ieu asa
aya jalan pikeun ngabudalkeun kakeuheul. Der galungan ngalawan tentara.
Kaayaan jadi teu saimbang sabab rahayat leuwih loba. Lila-lila mah
tentara téh kadéséh. Bur-ber lumpat ka jero istana nyalametkeun diri.
Panto gerbang ditutup, dikonci ti jero pageuh pisan. Rahayat kawas nu
kasétanan, murang-maring kana sagala rupa. Sagala diruksak sagala
diranjah. Pamustunganana mah gur waé kota karajaan téh diduruk. Rahayat
téh kawas nu kasétanan. Teu anggeus ku di kota, dalah désa-désa gé milu
jadi parab seuneu
Nempo seuneu ngabebela jeung haseup ngelun ti jauhna, Kangjeng Raja
nembé cengkat tina calikna. Tuluy rurusuhan muru munara, rék ningali ti
luhur. Kakara waé Kangjeng Raja téh ngajenghok ningal karajaanana ancur
kari ruhak.
***
Sumber ti : http://mangle-online.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar