Hadiah Kangjeng Raja

Kacaturkeun di hiji nagara, Kangjeng Raja sedep pisan nuang lauk laut. Tara palah-pilih deuih, kangaranan lauk nu asalna ti laut mah pasti sedep. Diolahna rék dipais, digoréng, dipindang, atawa dikumahakeun waé pasti amrin kacucuk-cucukna. Tuangna ponyo.
Sakali mangsa, usum angin barat anu rongkah. Nepika mangbulan-bulan angin gedé ngagelebug. Ombak patingjelegur tarik pisan. Sagara motah kawas nu ngamuk ngabudalkeun amarah. Atuh puguh waé dina kaayaan kitu mah taya saurang ogé pamayang anu wani lunta ka laut. Dalah pamayang kahot ogé gimir nénjo ombak nguwak-ngawik basisir mah.



Ku sabab teu aya nu wani lunta ka laut téa, munasabah lauk laut téh hésé pisan. Nu sasari luhureun méja makan téh pinuh ku rupa-rupa olahan lauk laut, harita mah palias teu aya hulu-huluna acan. Éta kaayaan téh puguh waé jadi siksaan nu pohara pikeun Kangjeng Raja mah. Unggal poé gawéna téh ngan huleng jentul waé bangun anu jararauh panineungan. Ti poé ka poé salirana orot da teu ponyo tuang téa. Sakitu réncang sangu diganti ku nu séjén ogé, hih da teu ditoél-toél acan. Émutanana manteng kana lauk laut.
Patih surti, sakumna pamayang diperedih sangkan daék lunta ka laut. Tapi lebeng taya saurang ogé anu untupan ngayonan ombak sagara nu keur kasétanan. Aya mingguna Kangjeng Raja ngarep-ngarep aya nu norojol bari ngajingjing lauk. Tapi nu datang téh kalah nu méré laporan yén ombak laut beuki maceuh.
Dina hiji poé aya saurang pamayang norojol bari ngajingjing lauk tongkol sagedé pingping. Raja mani giak. Rarayna getihan deui, budi parangina datang deui ka asal, béar marahmay. Teu sirikna lauk téh dirontok bangun anu kacida pisan sonona.
“Juru masak, gancang olah lauk téh! Kami lapaaaar…” saur raja.
Bari nungguan lauk asak Kangjeng Raja téh galéhgéh ngajak ngobrol ka pamayang nu mendeko sila payuneunana. Nanggap lalakon pamayang meunangkeun éta tongkol. Kangjeng Raja gawéna téh ngan gogodeg jeung cruk-crék ngabandungan lalakon pamayang.
 “Asa kagunturan madu kaurugan menyan putih kaula mah anjeun datang seba lauk téh. Komo ngalana téh bari jeung narohkeun nyawa mah. Banget katarimakeun pisan pangawula anjeun. Itung-itung mulang tarima kana perjoangan anjeun, pok ayeuna mah geura nyarita hayang hadiah naon ti kaula?” saur raja bari neuteup pamayang.
Nu bieu ngalalakon teu ieuh gancang ngajawab, ngadon ngahuleng sawatara jongjongan. Sanggeus rada lila nyah tanggah bangun nu rék nyarita tapi asa-asa. Kangjeng Raja surti.
 “Ulah asa-asa pok waé nyarita hayang hadiah naon ti kaula. Sakur paménta anjeun ku kaula bakal ditedunan.”
“Abdi mah hoyong….”
“Heueuh, pok nyarita hayang naon hadiahna?”
“Hadiahna hoyong… hoyong dirangkét tonggong nganggo hoé nun.”
Raja ngajenghok teu percaya kana paménta pamayang nu mendeko hareupeunana.
“Ké… ké… teu salah dédéngéan kitu kami téh? Pok nyarita sakali deui!”
“Muhun, hoyong digebug tonggong nganggo hoé!”
“Aya araranéh paménta téh?” raja gogodeg.
“Tilu puluh kali Kangjeng Raja!”
“Aéh… aéh… batur mah paménta téh hayang gedong sigrong, emas berlian. Ari ieu bet hayang dirangkét tonggong maké hoé. Henteu ngalindur silaing téh?”
Pamayang gideug.
 “Teu hayang gedong sigrong emas berlian gé sugan hayang parahu anyar geusan anjeun nyiar kipayah.” saur Kangjeng Raja bari teu eureun-eureun gogodeg.
“Alim nu kararitu abdi mah, Kangjeng Raja. Abdi mah hoyong sotéh dirangkét tonggong tilu puluh kali nganggo hoé.”
Meunang sawatara jongjongan mah Kangjeng Raja ngahuleng ngaragameneng. Hemeng ku paménta jelema nu diuk mendoko hareupeunana. Tapi lila-lila mah pok Kangjeng Raja téh misaur. Ditanya deui meunang sababaraha balikan. Angger jawabanna sarua, hayang dirangkét tonggong tilu puluh kali maké hoé.
“Nya ari keukeuh kitu kahayang anjeun mah heug téh teuing…. Algojo, ka dieu geura!” saur raja nyalukan algojo. Tuluy ngaharéwos, algojo ngahuleng tapi teu burung uggut-unggutan. Léos ka tukang. Teu lila norojol deui bari ngajingjing hoé sagedé pigeulang leungeun budak. Panjangna teu kurang ti sadeupa.
“Sok atuh geura cingogo. Malik ka ditu nyanghareupna, ngarah gampang ngarangkétna!”
Pamayang téh teu baha, tuluy malik ngasongkeun tonggongna. Méméh algojo nyabetkeun hoé, raja ngiceupan algojo. Nu dikiceupanana surti, gancang ngabijilkeun hoé hiji deui, song dikarajakeun.
“Siap pamayang?” cék algojo bari taki-taki.
“Siap, sing tarik ngagebugkeunna Juragan Algojo, ulah asa-asa!” tembal pamayang bari deku.
Heat waé algojo ngaheumbatkeun hoé. Ngan méméh hoé nepi nimpah tonggong, raja ogé milu ngaheumbatkeun hoé nu hijina deui kana méja.
Jelebet… hiji!.  Jelebet… dua!. Jelebet… tilu! ....
Kitu jeung kitu waé algojo téh. Méméh hoé nu diheumbatkeun ku algojo nepi kana tonggong pamayang, raja miheulaan nyabetkeun hoé kana méja. Munasabah lamun tonggong pamayangna teu raheut teu sing. Teu beureum beureum acan da bubuhan hoé nu digebugkeun téh ukur ngalayang henteu nepi kana tonggong. Nepi ka itungan limawelas, pamayang téh ngagorowok.
“Heup… heup… heup!”
“Aya naon? Kunaon? Nyeri anjeun téh?” saur raja reuwas.
“Sanés Kangjeng Raja,” cék pamayang bari jurungkunung cengkat, “Lima welas téh satengahna tina tilu puluh sanés? Tah, anu limawelas deuina mah, sésana, bagian gulang-gulang nu ngajaga gerbang istana!”
“Bagian gulang-gulang? Bagian gulang-gulang kumaha maksud anjeun téh?”
“Sumuhun, tadi téh samemeh abdi ngadeuheus Kangjeng Raja abdi dipegat ku gulang-gulang teras nyarios….”
“Nyarita naon gulang-gulang?”
“Kieu saur gulang-gulang téh, engke lamun raja méré hadiah ka silaing, kami ménta satengahna, kitu saurna téh. Lamun hadiahna teu dibagi dua, silaing moal ditepungkeun jeung raja, kitu cenah saurna téh! Tah, nembé hadiah tos katampi ku abdi satengahna. Satengahna deui mah mangga kanggo gulang-gulang!”
 “Oooh… kitu! Logojooo… bawa gulang-gulang ka dieu!” Kangjeng Raja ngajorowok. Rarayna ngageunteu nahan amarah.
Algojo gasik neang gulang-gulang nu keur lajag-léjég palebah panto gerbang. Sanggeus diécéskeun duduk perkarana, gulang-gulang téh dibéré hadiah nya éta dirangkét tonggong maké hoé meunang limawelas kali. Béda jeung pamayang, gulang-gulang mah dirangket nyaan nepika tonggongna garetihan
Sanggeus sagala rupana bérés, pamayang dititah balik bari jeung teu poho ku raja dibahanan sagala rupa kaperluan salila manéhna teu bisa lunta ka laut.***
Hikmah: Ulah hayang untung tina énténg.

 Sumber ti :  http://mangle-online.com

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Pages