Di salahsahiji kebon awi kadéngé anu keur guntreng ngarobrol. Singhoréng téh awi tali jeung awi bitung.

“Emh, enyaan bagja pisan hirup kuring mah!” cék awi tali ngamimitian muka obrolan.
“Nya kumaha kitu, Lur?” awi bitung nanya.
“Enya, ari sababna diri kuring mah kapaké turta loba pisan gunana pikeun manusa! Geura wé, mun dina bahan imah kuring téh sok dijieun usuk. Tuluy ogé sok dijieun ereng. Sok dijieun bilik atawa gedeg. Paling copélna sok dijieun cempéd eujeung pager! Lamun dina paparabotan kuring téh sok dijieun tolombong, dijieun nyiru atawa cecempédan, dijieun ayakan, aseupan, boboko, said, atuh leuleutikanana sok dijieun hihid. Lamun ku tukang ngarit kuring téh sok dijieun carangka, sundung jeung rancatanana.
Ari ku tukang lauk mah kuring téh sok dijieun cireung. Atuh pangbasajan-basajanna kuring téh sok dijieun taraje!” awi tali ngajéntrékeun bari agul.
“Nya sarua atuh ari lebah dinyana mah kuring ogé loba kagunaanana keur manusa téh! Pék wé geura, lamun ku tukang nyadap kuring téh sok dijieun lodong keur nandéan lahang, tuluy ogé sok dijieun sigay paranti naékeun kawung. Lamun dina imah kuring ogé sok dijieun eréng, dijieun cempéd. Kalan-kalan mah sok dipaké tihang saung ogé! Ari ku patani mah kuring téh sok dijieun talang jang ngamalikeun cai ka sawah atawa ka balong!” ceuk awi bitung embung éléh.
“Enya nya, alhamdulillah… hirup urang téh mangpaat!” awi tali ngucap sukur. Jep sakedapan jarempé.
Di juru kebon beulah kulon nu teu jauh tina dapuran awi tali, katempo aya sarunggunuk dapuran awi tamiang nu ti tadi caméot baé ngadédéngékeun awi tali jeung awi bitung nu keur ngarobrol.
“Hey, baraya! Ti tatadi anjeun mah ngan cicing baé! Cing pék caritakeun, naon baé kagunaan anjeun pikeun manusa?” awi talil nanya ka tamiang.
Ditanya kitu téh tamiang kalah ngaheruk, bangun ngarasa sedih naker. “Emh, rumasa hirup kuring mah taya gunana pikeun manusa téh. Ari sabab awak kuring mah laleutik katurug-turug aripis deuih. Ku manusa ogé tara ieuh ditolih, sok disapirakeun. Nu puguh mah kalah sok dibabad, dicacar, tuluy diduru. Da meureun kalah ngadon ngabalaan!” tamiang nyaritana dumareuda.
“Matak gé kudu kawas kuring atuh, boga awak téh gedé! Jadi bisa dimangpaatkeun ku manusa!” ceuk awi bitung adigung. Dikitukeun téh tamiang beuki ngaheruk baé, beuki ngarasa sedih.
Poé beuki maju ka beurang. Rentang-rentang ti kajauhan katingali aya budak angon datang ka dinya, asup ka kebon awi, tuluy nyampeurkeun kana palebah dapuran awi tamiang bari héhéotan. Éta budak angon téh tuluy mesat bedog tina sarangkana, anu disorén dina cangkéngna beulah kénca. Geus kitu, keplas… manéhna ngala awi tamiang satangkal anu gedéna kira-kira sarua jeung indung suku. Awi tali jeung awi bitung ngabandungan kana naon rupa anu dipigawé ku si budak angon.
Budak angon neukteuk tangkal tamiang, dipilih nu alus ruasna.
Sanggeus meunang, tuluy baé éta ruas tamiang téh ku manéhna dirautan, dilelemes, anu satuluyna diliangan. Lila pisan éta budak angon téh ngoprék jeung ngaropéa ruas tamiang. Sanggeus bérés. Ngan pédah goréng kénéh sorana téh. Sumbang! Ku si budak angon tuluy diuma-ome deui. Tuluy dicobaan deui ditiup. Angger goréng sorana téh! Si budak angon bangun keuheuleun. Ruas tamiang téh kalah tuluy dipékprék. Belewer dibalangkeun! Nénjo kalakuan budak angon kitu téh awi tali jeung awi bitung silih rérét bari karéom, kawas hayang seuri.
Keplas… budak angon ngadék deui tangkal tamiang. Siga tadi deui tuluy diteukteuk, dipilih nu alus ruasna. Tuluy deui kawas tadi, dirautan, dilelemes sarta diliangan. Budak angon jongjon ngadedeluk nguma-ngomé ruas tamiang, diténjokeun ku awi bitung jeung awi tali. Teu kungsi lila jadi. Tuluy baé dicobaan ditiup. Kadéngé sorana halimpu, gulak-gelik, matak genah kadéngéna. Singhoréng budak angon téh nyieun suling!
Sanggeus budak angon indit, awi tali jeung awi bitung ngarérét ka tamiang nu keur imut. Geus kitu tiluanan saleuseurian saruka bungah. “Tetela geuning nya, urang saréréa téh pada-pada aya mangpaatna,” cék awi tali.***
Sumber ti : http://mangle-online.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar